Malem Minggu nu anyar kaliwat, budak teh sarena rada leuir da lalajo TV
karesepna, kuring lalajo digigireunana, bari ngobrol jeung manehna, ngobrol
teh make basa Indonesia, kuring asa kaingetan di imah asa loba buku basa
Sunda, atuh kuring ge kacida nyaahna kana basa Sunda, da sasatna kuring
digedekeun teh ku basa Sunda, ku indung sapopoe dipuji, digeunggeureuhkeun,
dihulag, diwejang kabeh ge ku basa Sunda.
Sedengkeun kuring jeung budak naha bet gorgar ku basa Indonesia, harita
kuring nyieun hiji perjanjian jeung budak yen lamun ngomong jeung kuring,
Bapana, kudu make basa Sunda, lamun henteu didengda kudu nyanyi sabisana
(budak teh sigana teu bakat kana nyanyi, jadi didengda teh ku pagawean anu
pang teudipikaresepna), kitu deui kuring ge kudu hangaleuang (sarua kuring
ge teu bisa nyanyi, mending keneh dititah lumpat ngurilingan ember tibatan
dititah nyanyi).
Budak nyatujuan kana ieu perjanjian.
Ti mimiti poe minggu geus make basa Sunda, boh kuring boh budak, sok
ati-ati, da sieun didenda, ti harita nepi ka poe ayeuna can aya kasalahan
make basa Indonesia.
Ari jeung indungna mah bebas naha rek make basa Indonesia naha basa Sunda
kuma karepna we.

MSasmita




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke