di rubrik bahasa kompas, kungsi aya tulisan urang swedia nu keur nalungtik basa indonesia. istrina urang indonesia, gaduh putra hiji. si bule swedia eta gaduh cara nyarios dua bahasa ka budakna.
basa keur ulin ka denmark, aya kasus sarupa. budak indo kitu, jeung bapana nyarita bahasa denmark, jeung ibuna nyarita basa indonesia. pas si kuring jeung batur-batur datang, eta budak nyarita basa indonesia, ditanya naha langsung make basa indonesia? cenah da paromana siga ibu, teu bule siga bapana. haha. perkara naha kalolobana kolot marake basa indonesia ka budakna, nya patali jeung bahasa panganteur di sakola, sangkan barudak cepet ngarti palajaran nu ditepikeun ku basa indonesia jeung oge sangkan tereh norolang bisa basa nasional. padahal sabenerna teu kudu kitu, da budak teh bisa diajar sadaya bahasa nu dipake-kadenge di tempat manehna hirup. si kuring keur sd kasebut pangbisana basa indonesia (sabenerna basa jakarta) da memeh mulang ka lembur rek sakola SD, di jakarta heula, bisa bahasa jakarta duka kumaha, sigana faktor lingkungan. ceuk cenah, jaman walanda mah, panganteur di sakola rakyat di jabar teh basa sunda. hehe..beh ditu, sakola menak nu luhur, make basa walanda. basa indonesia harita can aya. hag siah! di sisi budak, aya kasieun basa sunda nu maranehna bisa teu luyu jeung tatakrama komo tata beuhan nyarita ka kolot. da arapal basa sunda teh nu make undak-usuk tea. daripada bisi dicarek nyarita teu sopan nya mending basa nasional. hehe. si kuring sok paur ari kedah cumarita jeung Deden oge Mambu (ieu sebutan ka bapa & ibu mertua) paur tisoledat basa, da biasa jeung sapantaran basa loma. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

