Waktu kuring ngalantung, terus tamba kesel make Yahoo,
maksud teh rek neangan naon atuh ari KIBS teh? Pedah
aya sababarha urang anu ngiberan, cenah KIBS teh aya
pakuat-pakaitna jeung budaya Urang Sunda. 
Alhamdulillah, berekah weleh luput, teu manggih
hiji-hiji acan. Duka teuing kuanon nya?

Padahal ceuk ujaring carita eta KIBS teh taya lian ti
Konferensi Internasional Bahasa Sunda. Dina eta
singketan teh eces, 'I'na teh 'Internasional' cenah.
Ari panyawang kuring, pedah 'Internasional' tea, pasti
aya bejana di alam maya. Sabab nu eunggeus-eunggeus,
lamun kuring neangan naon wae, uteuk tongo walang taga
ceuk paribasana mah, Alhamdulillah, sok kapanngih.

Kuring hayang diajar prakarya, misalna kumaha nyieun
tali pramuka, nyieun seni lipet kertas, diajar
ngajilid buku, sok katimu. Kitu deui, lamun hayang
diajar bahasa deungeun, oge sok kapanggih. Geus puguh
ari hayang diajar komputer mah, mani nemrak, kari boga
kahayang we pikeun diajarna.

Ari harita, hayang nyaho perkara KIBS, weleh teu
meunang hiji-hiji acan. Rada helok oge, kangaranan
Internasional tapi teu kasusud dalah ku teknologi pang
Internasionalna. Tetela geuning urang teh tina perkara
kieu mah tacan bisa ngamangpaatkeun sakumaha mistina.
Pangpangna dina ngamangpaatkeun media, jigana rada
satengah hate.

Aya sakedik pangalaman, harita aya program di sakola
cap Gajah di Bandung. Eta program teh gawe bareng
jeung Ostrali. Si Ostrali nyieun gawe anu disebut
"Resource Center" anu eusina taya lian sumber keur
diajar basa Inggris. 

Ari anu matak kataji, geuning ari Bule dina
ngamangpaatkeun media teh kacida dariana. Eta wae
bahan keur di ajar basa Inggris teh sagala aya. Keur
latihan pangreungeu misalna, ti mimiti rekaman sora
reketna panto, kiriningna bel sapedah, gumuruhna ombah
sagara, aya rekamanana. Kitu geui bahan bacaan mah,
geus puguh, salian ti undak-usuk basa Inggris teh,
loba pisan modelna.

Lamun aya usaha pikeun diajar basa jeung budaya Sunda
jiga kitu meureun hebatnya. Padahal ditoong
teknologina mah da teu sapira. Bisa dijieun ku urang
kusnet oge. Meureun perkara paribasa "Cikaracak
Ninggang Batu ..." teh lain ngan saukur bisa dibaca
tulisannana. Tapi bisa didengekeun rekaman, kumaha ari
sora cikaracak teh. Keclak ... Keclak ... Keclak. Komo
meureun bari dijieun visualna mah. Bisa disimulasikeun
tah, aya batu hideung meles, kacakclakan cai
sakeclak-sakeclak, meureun hebring nya.

Wallahu A'lam. Meureun iraha nya. Rek neangan artikel
KIBS oge hese beleke keneh geuning.

Salam,
MH




        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Vote for the stars of Yahoo!'s next ad campaign!
http://advision.webevents.yahoo.com/yahoo/votelifeengine/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke