Enya di urang mah sagala rupa geus diurus ku nu burung pan, piraku aya nu
kaleungitan barang, pas lapor dipentaan duit. Teu kira-kira deuih jumlahna
nepika sajuta, padahal barang nu leungit ge hargana ukur salapan juta. 

Ceuk bapa uing mah waktu ditanya ku kuring kunaon gajih Apa ukur sakitu,
padahal geus puluh-puluh taun jadi pagawe, waleranana lamun gajih pagawe
nagri leutik, da memang geus ti baheula. Ti awalna mun daek jadi pagawe
nagri kudu siap hirup balangsak saayana. Lamun aya pagawe nagri gugurutu ka
sorangan kulantaran gajihna leutik, eta pagawe teu boga cedo,  salah
sorangan make daek jadi pagawe nagri, naha aya nu maksa. Da sakanyaho Apa
mah teu kungsi aya "wajib sipil", jadi euweuh pagawe nagri nu dipaksa pikeun
jadi pagawe.

Mugi-mugi we Allah mukakeun hate jelema-jelema nu kapoekan....

-----Original Message-----
From: joko tingkir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, July 22, 2004 4:47 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [UrangSunda] Nepangkeun...+ Bedana pagawe...


Duh bagja temenan eta urang Korea. Muuun di urang jiga
kitu teh, beu asa kumaha ngarareunahna. Tapi jigana
Kang Siddik, cing saha wae nu jadi presiden, moal bisa
ngaleungitkeun budaya "biaya ekstra" ieu teh. Cing
ceuk baraya sadaya kumaha carana supaya cara gawe di
Korea sapertos nu diunggelkeun ku Kang Siddik tiasa
"dimplementasikeun" (dilakanakeun ?) di urang
(Indonesia). Naha sanggup urang didamel lilahita'ala,
hartina ngan ukur meunang gajih bari jeung duka cukup
henteuna mah kanggo biaya sabulan.

Nuhun Kang Siddik.

Wassalam
Jaka


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke