Pusat Kajian Sunda? Asana mah nu kungsi katempo sanes eta, tapi Pusat Studi Sunda 
(PSS). Taun
kamari atanapi samemehna aya nuku nu medal ti PSS ieu, judulna TULAK BALA..... Oge 
pami teu lepat,
buku nu kadua tos medal.
Ngeunaan puseur-puseur kajian kabudayaan, organisasi masarakat Sunda, atanapi naon bae 
kasebutna,
aya organisasi di urang nu umurna geus lumayan heubeul, ambahanana sawewengkon jajahan 
Walanda
harita, leuwih heubeul batan merdekana Bangsa Indonesia, Paguyuban Pasundan tea. 
Kumaha ketakna di
jaman kiwari, simkuring teu nengetan.
Dina majalah CUPUMANIK nu medal sababaraha waktos kapengker, aya artikel nu pami teu 
lepat diserat
ku praktisi atikan (guru), ngeunaan sawangan jeung kahayangna ngaropea Paguyuban 
Pasundan.
Kahoyong anjeunna digambarkeun ku kieu,
- mun aya jalma nu hayang neang sagala rupa beja atawa literatur ngeunaan sunda jeung 
kasundaan,
bisa neang di Pabukon Paguyuban Pasundan nu koleksina lengkep.
- mun aya jalma nu hayang diajar nembang, karawitan, sareng sagala rupa kasenian 
Sunda, tiasa
diajar di Sanggar Seni Paguyuban Pasundan, da di dinya sagala rupana lengkep. Jst....

Ari sawangan kuring mah, nya rek nuturkeun ngimpi Kang Guru nu eta bae...

jk


        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Vote for the stars of Yahoo!'s next ad campaign!
http://advision.webevents.yahoo.com/yahoo/votelifeengine/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke