Assalamualaikum Wr. Wb.

Haturan para wargi Ki Sunda sadaya, dimana wae ayana.
Mudah-mudahan daramang sadayana.

Tina sababaraha iber anu kungsi katengetan ku kuring,
perkara jejer "Gunakeun Basa Sunda" sakedik-sakedik
mimiti kaungkab kelirna, kamana leodna, naon
udaganana. Nu katinggal ku kuring paling heunteu aya
dua misi anu nyamuni ti satukangna. Bungkusna mah meh
sarupa, cenah mah rek nanjeurkeun, sarta ngajen budaya
Sunda. 

Nengetan iber di handap ieu, jigana nu dimaksud
najeurkeun kasundaan teh, taya lian kasundaan
numutkeun kabudayaan urang Cigugur Kuningan. Iber lain
narjamahkeun maksud kasundaan teh make wengku papagon
Islam. 

Kukituna kuring bade tumaros ka sakumna wargi Ki
Sunda. Kasundaan anu mana tea atuh anu bade
ditanjeurkeun teh? Naha kasundaan jiga nu dimaksud ku
urang Cigugur (Madraisme)? Atanapi kasundaan anu
kawengku ku papagon Islam? Mangga geura pada titenan.

Wassalam,
MH

--- Ira Indrawardana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Pun tabe pun sampurasun...
>  
> Kang illen.. kumaha damang.. sim kuring mairan
> sakaligus negeskeun sakumaha anu ku akang
> diseratkeun dina email ieu perkawis sakumaha mudu
> jeung kuduna urang sunda unjuk salam, salaku ciciren
> ngajen kana budaya jeung bangsana....
> Tah..ari kitu mah ku sawatara pamendak akang eta.
> sim kuring asa gaduh pamendak keiu (duka leres
> lepatna mah) :
> Urang sunda gaduh unjuk salam "sampurasun" atanapi
> "daramang" eta basa sunda atanapi basana urang sunda
> atanapi bangsa sunda, berarti mun asssalamualaikum
> mah eta mah basa arab pikeun urang arab nu budayana
> arab oge, ari kitumah jentre pisan, da bongana urang
> mah ngakuna urang sunda geus kudu jeung sawajibna
> mun deuk ngajen kana diri, budaya jeung bangsana nya
> sunda tea,atuh kudu salawasna wae unjuk salam teh
> "SAMPURASUN" sareng "DARAMANG" ulah nu lain-lain..
> mun enye-enye jeung bener-bener urang boga ajen
> jeung miajen kana diri, budaya, bangsa katut
> ngabageakeun kana Pangersa nu Ngersakeun.........
>  
> cag..
>  
> urang tutugan gunung ciremai
> 
> 
> ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> Haturan ka sadayana,
> 
> Ngabandungan seratan ti sadayana ngeunaan ieu jejer,
> sim kuring nyobian 
> bade matotoskeun:
> 
> 1. Kanggo sadaya anggota milist Kisunda, rasa reueus
> kana Basa Sunda kedah 
> disirepkeun tina galeuh sewang-sewangan.
> 2. Serat-sinerat diutamikeun nganggo Basa Sunda,
> ulah ngaraos isin, atanapi 
> sieun kirang tata titi duduga peryogana.
> 3. Kanggo anu poekeun pisan kana Basa Sunda,
> minimalna nyerat dikawitan ku 
> "SAMPURASUN" atanapi "DARAMANG?".
> 
> Kucara kitu teh Urang Sunda ngaraos diajenan pisan
> kasundaanana, samodel 
> sareng urang nyarios "Hello, how are you?" ka nu
> bule, atanapi "Ni hao ma" 
> ka urang Tionghoa, "Aap Kaise Ho? ka urang India,
> "Bon Jour" ka Urang 
> Prancis, "Apo khabar? kanggo Malaya, "Pie kabare?"
> ka urang Jawa, "Horass!" 
> ka Batak, "Baa kabarnyo?" ka Urang Awak / Padang,
> "Ngana baek-baek jo? ka 
> Urang Manado, jst.
> 
> Kumargi kitu, sumangga sing soson-soson nyerat
> supados Kisunda janten 
> haneuteun, aya longokeun kanggo dulur-dulur nu aya
> di pangumbaraan. Sim 
> kuring yakin pisan yen sadaya anu aya di Kisunda
> ngagaduhan manah anu 
> jembar pisan, kalepatan sakudak-sakedik mah tiasa
> dikagigirkeun heula.
> 
> Baktos,
> 
> 
> 
> 
> 
> At 01:09 AM 7/21/2004 -0700, you wrote:
> >Haturan Kang Nasir,
> >
> >Kalintang sim kuring reueusna kana perhatosan akang
> ngeunaan soal basa, 
> >khususna kahoyong salira migunakeun basa Sunda anu
> kahalang ku teu acan 
> >lancar dina prak-prakanna. Oge katawis akang teh
> hiji jalmi anu kalintang 
> >ngahormatna kana basa, utamina basa anu teu acan
> kacangking kaparigelan 
> >migunakeunna. Urang Sunda kalintang ngaraos
> diajenanna ku pamadegan sarupi 
> >kitu, kalayan baris ngaraos langkung diajenan deui
> saupamina urang Sunda 
> >sadayan migunakeun basa Sunda sadidintenna sakumaha
> kabiasaan salira 
> >sadidinten di bumi.
> >
> >Leres, migunakeun basa kalawan sagawayah tiasa
> nimbulkeun kasalahpahaman. 
> >Tambihna ti eta, tangtos akang sapagodos oge yen
> dina ngalarapkeun basa 
> >upama heunteu dimimitian kana tangtu moal aya
> kamajengan. Kukituna, atuh 
> >nya kahoyong migunakeun basa (basa naon bae) anu
> ageung teh tangtuna oge 
> >kedah dibarung ku prak-prakanna (hal ieu katawis
> dina posting-posting 
> >salira kaakhirnakeun), boh diajarna atawa
> ngabiasakeunna..
> >
> >Jalaran teu aya deui anu kedah dipadungdengkeun
> dina leresan ieu, kumargi 
> >salira oge  parantos ngawitan mugunakeun basa
> Sunda, sim kuring moal 
> >kapapanjangan deui dina "debat" soal migunakeun
> basa. Kalawan harepan 
> >pamugi salira tiasa teras ilubiung di milist
> kisunda ieu, sim kuring 
> >pribadi heunteu aya bangbaluh sakedik oge ka sing
> saha bae upami dina 
> >raraga  ngabiasakeun basa Sunda aya kecap-kecap
> atawa kalimah bahasa 
> >Indonesia atawa basa sejenna (anu tangtuna oge aya
> panadana atawa 
> >panganteurna sateuacanna). Pon kitu deui, boh
> moderator ieu milist atawa 
> >anggota sanesna, sakumaha parantos kauninga, kana
> sarupi kitu pamadegan 
> >aranjeunna dina hal ieu.
> >
> >Mangga Kang diantos posting-postingna. Pangalaman
> salira anu jembar 
> >sakumaha umumna wartawa atanapi anu damel dina
> widang jurnalistik atawa 
> >girang serat jsb tangtos baris mawa kamajengan kana
> kasundaa atanapi 
> >pikeun anggota ieu milist kumna bae. Atuh pon kitu
> keneh, sing saha bae 
> >upami leukeun mukaan arsip file ieu milist atanapi
> heunteu petot-petot 
> >padundengan kalawan silih hargaan (sakumaha ajaran
> Siliwangi, urang mah 
> >ukur tiasa "silih" dina sagala hal da manusa mah
> teu aya nu sampurna), 
> >tangtos urang tiasa mendakan manfaat ngeunaan Urang
> Sunda sareng budayana.
> >
> >Minangka panutup, mugi agung cukup lumur, caang
> bulan opat belas, jalan 
> >gede sasapuan, asal caang mulang caang, asal wening
> balik wening.
> >
> >Baktosna,
> >manAR
> >
> >
> >
> >Mohammad Nasir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >Saya termasuk anggota milist yang tidak menggunakan
> >Bahasa Sunda. Saya sebenarnya ingin sekali
> menggunakan
> >bahasa Sunda. Tetapi dalam pemahaman saya bahasa
> >adalah wilayah yang sensitif terhadap kesalahan.
> Orang
> >bisa berkelahi gara-gara salah paham (dalam
> penggunaan
> >bahasa).
> >
> >
> >Baktos
> >
> >Nasir
> >
> >======================================
> >
> >
> >--- PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > panuju lah kang... sanes tibaheula atuh nya' he
> heh
> > > e
> > > kang oman kumaha damang?
> > >
> > > oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > Bewara ka sadaya anggota milist,
> > >
> > > Aya amanat ti moderator milist kisunda, posting
> ka
> > > milist kisunda (oge milist kasundaan an nu
> sanesna),
> > > satiasa-tiasa kudu migunakeun basa Sunda. Keun
> bae
> > > tidaregdog oge, da lila mah tangtu lancar.
> Geuningan
> > > urang Sunda anu palinter basa Inggris atawa basa
> > > seler sejenna, tangtu keur ngamimitian mah ti
> > > datatarajong. Upama tetep heunteu migunakeun
> basa
> > > Sunda, ulah disalahkeun nu sejen dina waktuna
> > > kaanggotaan netter anu heunteu migunakeun basa
> Sunda
> > > eta dikaluarkeun ti milist.
> > >
> > > Basa teh salah sahiji pananda budaya. Kitu di
> satiap
> > > bangsa naon bae. Lamun di milist anu ngarojong
> 
=== message truncated ===



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke