Para wargi sadaya,

Ping 20-22 sim kuring nembe wangsul ti Banten. Salasa ping 20na-mah 
dianggo di jalan, Bandung-Sukabumi-Pelabuhan Ratu- Bayah, dongkap ka 
Bayah maghrib. Pami jalan di Cibareno (batas jabar-banten)tos sae mah 
tiasa rada enggal. Geuning jalan teh sanes beuki sae ngadon beuki 
waaahhh .....

Rebona ka SMAN Cibeber, jarak 14 km ti Bayah, teras neang barudak nu 
kawitna ti Kampung Ciherang (kampung adat, numutkeun masyarakat 
setempat). Ti payuneun sakola lungsur 2 km mapay-mapay jalan berbatu. 
Opat siswa nu seja ditepangan teh mung pendak saurang di sawah. Nu 
saurang tos ka Bogor cenah milari damel, mung tepang sareng Ibuna 
bae. Nu saurang duka nuju dimana. nu saurang deui tos nikah, nuju ka 
kebon tebih cenah, mung pendak sareng istrina bae. Beu ..... 
karunghal deui yeuh ku alumnus SMAN. "Kumaha mun teu pendak Bu", ceuk 
budak nu nganteur teh, mani sabar oge nganganteur kuring. Nya akhirna 
saurang kapendak di sawah. Kuring tiluan ngobrol tataros itu ieu, 
soal pelajaran sakola, soal nyawah, upacara adat, dll.

Nanjak sakedik, katingal aya parabola. Aya leuit. Wangunan imah aya 
panggung, aya oge nu tos depek. Pare keur meujeuhna beukah, hasil 
melak sasarengan awal Mei. "Geura Ibu sumping ka dieu ari nuju serah 
taun, rame Bu", ceuk nu saurang. "Aya upacara Ujungan." Di dieu mah 
hasil panen teu diical, numawi unggal kulawarga kagungan leuit. Lebah 
dieuna mah sami sareng di baduy, hasil panen pare teh pantang diical.
Siswa SMAN Cibeber nu kacatet ti Ciherang dugi ka danget ieu tos aya 
20-na ti saprak aya SMAN tahun 2001. Ieu kampung teh tradisional 
atawa kampung modern nya, ceuk pikir. Aya leuit, aya parabola. 
Definisi kampung adat teh geus tambih .....

Numutkeun katerangan Kepala SMAN Cibeber nu pang caketna ka Kampung 
Ciherang, aya dua rupi masyarakat nu ngangken teu mampu sakola teh. 
Aya nu leres-leres teu mampu ekonomi, aya oge nu teu mampu 
ekspektasi, nu alim berjuang ngaluarkeun biaya keur sakola barudakna 
alatan hasil sakola teh can kaharti ku segi ekonomi. Contona ari 
bakal ngojeg mah atuh keur naon sakola cenah. Geuning ..... teu 
gampil numbuhkeun sumanget jeung kasadaran pentingna diajar keur 
jangka panjang teh. Sakola, dimana bae ayana kapan pikeun ngadidik 
siswa, orangtua, tur masyarakat. Saur Kepala MAN Bayah:"Sumuhun 
kadang aya masyarakat nu palayna siga nuang cabe, sanggeus diteureuy 
langsung karaos lada, padahal pendidikan mah pikeun isuk jeung jaga."

Kuring ngan pati bengong waktos salah saurang Ibuna siswa nu nuju ka 
Bogor nyeletuk:"Atuh pang milarikeun damel kanggo pun anak", (walah 
sim kuring ka dieu sanes bade milari calon tenaga kerja .... hehe, 
ceuk dina hate).

Nu matak kaget mah waktos Kemis ka SMAN Bayah, sihoreng Kepala SMAN 
enggal nembe ngalih ti SMAN Leuwidamar, Kec urang baduy, waahh asa 
mendak ..... Atuda ti Oktober 2002 geus niat ke SMAN Leuwidamar, tapi 
teu kajalanan bae. Ceuk petugas Kecamatan, urang baduy mah teu aya nu 
sakola, kitu deui ceuk urang Ciboleger. Numawi sim kuring mapay ka 
sudut Banten kidul nu aya siswa SMAN ti masyarakat adat, nya ka 
Ciherang di Bayah, sajabi ti ka Ciptagelar Sukabumi. Saur Kepala SMAN 
Bayah enggal nu dua tahun terakhir tugas di SMAN Leuwidamar, aya 
siswa-siswana nu urang baduy luar. "Kapan Ibu mau ke sana, nanti saya 
bantu, saya telponkan dari sini", (Nuhun Gusti, sim kuring asa mendak 
petunjuk, tadina mah ampir mutuskeun moal ka SMAN Leuwidamar, da teu 
kajalanan). Kaduhung nya dua tahun ka tukang teu datang langsung ka 
SMAN Leuwidamar. Ah .... ketang keur naon kaduhung. Pendak harita 
jeung pendak ayeuna pan sikondna benten, pangjurungna oge meureun dua 
taun katukang mah can tangtu sasumenget ayeuna sanggeus kuring balaka 
geus kukurilingan di 12 SMAN Jabar-Banten.

Kitu tah wargi, unggal tos ti lapangan, sok kenging data, PR, jeung 
petunjuk di luar dugaan. Subhanalloooh .... PR-na Kepala Sakola sok 
pesen :"Bu, pami ka dieu deui hoyong dipang nyandakeun buku A,B,C ...
Bungah pisan kuring mah dipesenan kitu teh. Proyek .... hehehe. 
SSSStttt sanes bisnis ieu mah da kuring mah mun ka sakola lain rek 
ngajual buku, mung darma ngadugikeun, janten mediator kitu lah.

Aya oge nu nyarios :"Duh nuhun pisan kersa ngalongok yeuh ka dieu, 
tebih-tebih ti Bandung." Kuring sok rada GE-ER, geuning ka daerah mah 
urang datang teh matak bungah batur, nya alhamdulillah.

Seueur keneh dongeng lucu mah, mung tos wengi yeuh di kampus keneh.
dinten ieu mah nuju hoyong curhat ke milis hehehe, sono. 

Bumi Siliwangi
Wasalam,
Ely







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke