asa euweuh nu datang euy ti kusnet. padahal si kuring make kaos kusnet, lain kaos Rakkaustarina. tapi wios ketang, bisi ngarepotkeun kadang baraya sadayana.
ka pupi, si kuring ngiring bela sungkawa. hapunten teu tiasa ngalayad, nuju kagok gaduh hajat di potluck (potlak) tea, teuku umar 9 dago bdg,acara medalkeun novel ka 2, rakkaustarina tea. kang Acep Zamzam Noor oge kang Sarabunis ti Tasik ngersakeun sumping. nu ngabahas novel Rakka, kang Hawe Setiawan, oge kang Soni Farid Maulana, sumping, marasihan pamendak masing-masing. kitu oge Paivi Punamaki-bule Finlandia tea- sumping jeung carogena, kang Adhi Nugraha. Paivi nyaritakeun yen salaku urang finland, manehna rada kasigeung, da bongan nu dicaritakeun teh urang finland nu gorengna cenah. aya kasieun manehna, nu maca nyakompetdaunkeun awewe finland. hehe. naha cenah si hendra teh teu dipanggihkeun jeung urang finland nu biasa2, bae. si kuring mere alesan, nya sabab sangkan aya konflik, hehe. naha di finland, nya da tadina mah rek di swedia. hehe. tapi aya hasan tiro..bisi jadi novel politik. da kahayang mah ukur novel pop. kang Soni ngiritik peureus, ceuk batur mah. soal moral atawa akhlak hednra nu teu puguh cenah, embung, tapi daek taranjang di sauna. nya da meureun adat jelema teh, gradasi, ti islam ktp, nepi ka sufi (suka-film). hehe. tapi teu peureus jang kuring mah, da si kuring boga asa boga jarak jeung karya novel mah. rumasa tamu. hehe. kang Acep Zamzam pas maca draft Rakka nu dikirim ka singaparna, nya ngamaklum, ieu novel pop, ngan ukur nyarita yen tina segi carita kaiitung lancar cenah. nya siga dina endorsement na di jilid tukang. kang hawe nyarita yen kuring teh loba pisan kahayang, dina novel eta aya sagala rupa, jadi we benang teh paregat di jalan. hehe. tapi sakitu oge bisa. haha. komo barang apal si kuring teu kungsi ka finlandia, nyaruakeun jeung karl may nu cenah teu kungsi ka amerika, nyaritakeun winnetou tea. dina novel Rakka, memang bab2 awal teu nyambung ka bab tuluyna. ngahaja karuh. hehe. ibarat keur ulin di basisir, ngoprek kaleci, kalecina teh randi, fifay, dipa galuh, tia wina, hendra. kaleci nu ngarana hendra ngacleng. tah si kuring nuturkeun ngaclengna kaleci hendra. hehe. nya niat kuring nyaritakeun kaayaan batur, sangkan bisa dipake ngeunteung. oge sugan rada kabuka wawasan, teu kurung batok, jeung sajabana. kaasup sangkan wawuh budaya batur, nu alusna tiru, nu goreng piceun. sakitu heula mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

