----- Original Message ----- From: "Endang Tatan" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Monday, July 26, 2004 1:49 PM Subject: [gankleboy] Mangle
> Ki Sunda Ngawangun Jatidiri Di Pangumbaraan > > Di University Center Universitas Gadjah Mada (UGM), Bulaksumur, poe Saptu 26 Juni 2004, para-masasiwa jeung sabagean warga Jawa Barat di Yogya hempak ngariung ngagelar Saresehan jeung Silaturahmi Alumni Warga Jawa Barat di Yogyakarta. Kagiatan nu gede mangpaatna pikeun Ki Sunda nu keur ngumbara di Kota Gudeg. Sajaba ti kitu, najan saresehan, tapi teu matak bosen, da henteu monoton, saban nu rek nepikeun pamadeganna diselang heula ku hiburan pintonan kasenian Sunda. Puguh wae jadi matak waas jeung matak kelar. Ngawawaas nu ngumbara jauh ti lembur. > Nu daratangna mah ngan sababaraha persenna tina jumlah warga Jawa Barat anu aya di Yogya. Tapi teu ngurangan hegar Saresehan & Temu Alumni Ikatan Pelajar dan Mahasisswa Jawa Barat Yogyakarta,. Da mun datang kabeh mah, disangkana rek aya acara 'rapat akbar'. Saenyana mahasiwa jeung urang Jawa Barat di Yogya teh kawilang loba. Aya kana genep rebu urangna ! > Katingal calik dina korsi pangpayunna para-tokoh nu keur manggung di tatar Sunda. Di antarana RH Tata Gautama Ketua Bidang Organisasi PB Paguyuban Pasundan, PRA Arief Natadiningrat, SE, putra makuta karatoni Kasepuhan Cirebon, Drs. Apan Sulaeman, Msi anggota KPU Jawa Barat, Dedi Mulyadi, SH Wakil Bupati Purwakarta, nganggo pangsi hideung dibendo Sunda, Prof. H. Endang Sutari Rektor IAIN Sunan Gunung Djati Bandung manten. Ir. Rudi Mahmur ti Badan Perencanaan Daerah (Bapeda) Propinsi Jawa Barat nyuluran Wakil Gupernur Jawa Barat Drs. H. Nu'man Abdul Hakim. Minangka pribumina mah Prof. Dr. H. Koesnadi Hardjasoemantri, SH, M.L Rektor UGM manten, Ketua Yayasan Budi Bhakti, nu sadidintenna ngokolakeun Asrama Kuijang di Jalan Pengok Kidul. > Ngarah inget ka sarakan lemah cai kadeudeuh tanah Pasundan, acara dibuka ku lagu "Tanah Sunda", dihaleuangkeun babarengan ku sakabeh hadirin. Bari ngadeg ngarah hidmat.. Rengse eta ditema ku pintonan seni ti "Pager Kahuripan" ti Purwakarta, nu dipupuhuan ku Wakil Bupati Purwakarta Dedi Mulyadi, SH.. Papakean pamaenna sarwa hideung, rapih, lalaki kabeh. Bisa disebutkeun grup Nasyid Sunda-na "Pager Kahuripan" teh. Lagu-lagu nu dihaleuangkeunna wejangan ka diri urang, ditepikeun dina basa Sunda. Dipirig ku waditra Sunda, katambahan ku biola. Eta oge kaselapan hiji lagu kontomporer (lagu kaayeunakeun), lagu popiler nu sok dihaleuangkeun ku Iwan Fals, lagu nu matak ngageunjleungkeun tea, "Manusia Satengah Dewa". Dina ngahaleuangkeun lagu "Manusia Satengah Dewa" teu kakantun Dedi Mulyadi, SH ngiring ngagabung kana "Pager Kahuripan". Atuh para-mahasiswa jeung hadirin sejenna ngabageakeun ku keprok, tandaning panuju kagugu ku rancagena > > Roh Sunda Geus Leungit. > Samemeh acara Saresehan dimimitian, dibuka heula ku Rajah, kitu kapalayna Dedi Mulyadi, SH wakil bupati pangngorana sa Indonesia, tur nyunda,. tembong kanyaahna kana seni jeung budaya Sunda.. > "Tradisi urang Sunda, sami sareng tradisi kaum nahdiyin. Tawassul. Tawassul ka karuhun, nu ngaping ngajaring urang," saurna bari ngajurung dua pamaen "Pager Kahuripan" ngahaleuangkeun Rajah. Diprig ku kacapi. > "Mun sina maparin arahan 'Ngawangun Jatidiri Ki Sunda di Pangumbaraan' kanggo sim kuring mah lir ibarat mapatahan ngojay ka meri. Da sim kuring mah tacan kantos ngumbara. Saendeng-endeng teh di Purwakarta bae.," saur Dedi Mulyadi bari gumujeng. Atuh hadirin oge garumujeng. > "Kieu bae atuh," saur Dedi deui, "Urang teh mangka inget kana banjar karang pamidangan.." Dipesek, diguar deui ku Dedi leuwih jero. Mun urang inget kana banjar karang pamidangan, hartina kadituna teh urang teh mibanda dua kapasitas. Nya eta kapasitas intelektual, jeung kapasitas kabudayaan. > Inget ka nu banjar karang pamidangan ka dituna berarti, nu hiji mah kapasitas intelektual. Kadua, kapasitas kabudayaan.Lebah intelek mah hebat urang Sunda mah, larago lah! Tapi lebah kapasitas kabudayaan, akibat akibat kapasitas kabudayaan lokalna leungit, anu ciri sabumi cara sadesana leungit di lemburna sorangan, micinta lemah jeung caina leungit di lemburna sorangan. Ka dituna urang Sunda teh nu nu robah, lain di pangumbaraan wungkul, nu di lemburna ge geus robah. > Ku lantaran nu di lemburna robah, kadituna, begitu ngawangun Jawa Barat, bingung Jawa Barat teh rek dikumahakeun. Da bingung atuh, pangwangunan Jawa Barat teh jangeun sabenerna ieu teh. > Begitu dibuka industrialisasi, saha nu makmur, urang Jawa Barat, lain! Urang Jawa Barat mah, kahiji kabagean panyakit TBC-na, dua kabagean kasakit Paru-paruna. Tilu kabagean pencemaran lingkungan. Nu kaopat kabagean pacengkadanana. > Urang Jawa Barat kabagean naon? Bagean di sisi we, naragog lalajo, lalajo pencemaran limbah, lalajo nu unjuk rasa. Da palebah nu unjuk rasa urang Jawa Barat mah teu kungsi jadi tokoh. Jadi bagean nu mawa posterna wungkul. Giiliran "bargening" jadi menteri urang Jawa Barat mah angger we jadi galandangan sisi jalan. > Naon nu leungit atuh? Ceuk sim kuring kieu meureun bahasana, Jatayu geus kapiuhan karaton ilang dangiang, sagara ilang seahna, "galura" ilang wiwaha. > Naon nu leungit ti urang Jawa Barat teh? Rohna, geus leungit. Roh nu mana nu leungit ? Roh Ki Sunda geus leungit, geus hiber teuing di mana. Ku lantaran roh Ki Sunda geus leungit, geus leungit ti mana? Tina saban diri urang Jawa Barat. Leungit tina dirina, leungit tina sistem pangwangunana, leungit tina sistem karahayatanana, leungit tina sistem kahirupan sapopoena. Antukna mah Jawa Barat kabagean pangpandeurina di nu sagagala widang. > Dedi Mulyadi ngajak ka hadirin jeung urang Sunda di mana wae ayana, mangka inget kana piwejang Raja Padjadjaran, Cenah, cekel kana jangji, sing saha nu make ngaran kula, ngajaga jeung ngariksa kula, tanwande hirupna pinanggih jeung kabagjaan. Tapi sing saha nu ingkar tinu ajaran kula, ninggalkeun sarakanana, maneh bakal manggih balai, hirup bakal pinuh ku rururjit, bibit jeung panyakit ! > Moderator ngingetan Dedi sangkan nyarita tong leuwih ti sapuluh menit. Tapi Dedi Mulyadi gancang nempas. > "Piraku kuring 20 urang tadi teh ka dieu kana kapal udara, nginep di hotel Sheraton. Moal enya kuring ngan dibere waktu sapuluh menit ? Kuring datang ka dieu teh ngamodal sorangan.. Ku naon ngamodal sorangan? Bakating micinta, ti Jawa Barat dua puluh urang, urang Purwakarta dibawa ka dieu, naek pesawat dihotelan. Cinta ka urang Jawa Barat nu aya di Yogya. Ngingetkeun di dieu teh meureun loba adi-adi sim kuring, calon intelektual, calon doktor, calon profesor. Tapi sing aringet, aranjeun seuweu siwi Siliwangi seler Pajajaran. Aranjeun kudu nanjeurkeun ajen diri nu sajati di mana wae ayana.," pokna. tandes. > Jadi kumaha atuh di pangumbaraan teh? Urang kudu kumaha? Nya sok sing saluyukeun jeung adat istiadat di dieu. "Tapi sing inget ka lembur sorangan. Hiji, mun jadi intelektual beresan lembur urang, geus kacida acak-acakanana lembur urang teh. > Nu kadua, sistim pendidikan di lembur urang, hayu urang beresan. Sistim pendidikan nu mana? Urang Jawa Barat bur-ber ka luar ti lemburna, diajar ka Ustrali, diajar ka Amerika, malah kadieunakeun, datang aliran-aliran anyar nu Timur Tengah, lalegek kabeh ngomong. Cek kuring teh jauh-jauh teuing nyiar pendidikan teh, da urang Jawa Barat mah geus boga. Nya eta, Cageur, bageur, bener, pinter, singer. Tah eta, na loba-loba teuing ! > Dedi Mulyadi kungsi ditanya ku salasaurang nu militan, nu ahli sareat Islam, eta mah papalingpang jeung sareat Islam, cenah. Ceuk saha, cek Dedi teh, tingali ku anjeun sipat Alloh nu salapan puluh salapan, dina Asmaul Husna. Tingali ku anjeun sipat Nabi Muhammad Saw nu opat; Sidik, Amanah, Tablegh, jeung Fatonah! Naon bedana jeung Cageur, Bageur, Bener, Pinter, jeung Singer! > Ku kituna, ku lantaran kaintelektual urang mah geus pinter, geus hebat, naon nu leungit? Urang teh ngaku sorangan, ka handap teu akaran, eta masalahna mah! Jadi pikiran tepi ka langit, suku teu nincak kana taneuh, nya moal bisa ngabangun atuh. Nyieun bangunan ge tinangtu rugrug bae! > Kudu ka mana diajarna atuh urang teh ? Ulah jauh-jauh diajarna. Jig ka kampung Baduy, geura diajar ka kampung Naga, geuning di Jawa Barat teh nagara nu pangmakmurna teh eta teh. > "Di Baduy teu kungsi aya tanah angar balukar kahalodoan. Teu kungsi kajadian kalaparan. Di Baduy teu kungsi aya jalma kakurangan gizi, teu kungsi aya pacengkadan. Geuningan eta nu pangmahmurna teh! Ku naon eta nu pangmakmurna, hartina salila ieu maranehna tetep pengkuh ka nu ajen tatali paranti karuhunna sorangan. Ku naon ku urang teu dipiconto?" Dedi Mulyadi, SH Wakil Bupati Purwakarta, mungkas pedaranna. Hadirin, nu rereana para-mahasiswa kaleprok, sarugemaeun. [MANGLE 1973] > > > > > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

