*************************************************************************
Haturan ka para wargi kitu deui ka kang juned lan teh an!
 
Panginten aya leresna "jati kasilih ku junti" teh, pamendak sim kuring mah sanes dina hidep na kasilih na teh, tapi langkung nyeceb deui, nyaeta kasilih ku budaya batur tea.
 
Kangtos sim kuring di airport cengkareng.... di konter check-in, nembe oge jleg nyerah keun tiket jeung paspor(pp) ka wanoja nu keur dines di eta conter (aya 3 wanoja)....aya kadang patugas ti tukangeunnana tatanya ka kuring, "sudah ke konter imigrasi, bayar fiscal?", di tanya kitu kuring gigideg, kumaneh na teh di tawaran nek dibantuan nyurus fiscalna teh tapi kedah mayar 600 rebu ka manehna ceunah na mah dari pada mayar imigrasi 1 jt-eun (anjeuna teh cenah na mah supervisor keur wanoja nukeur magang-ceuk si wanoja nu keur magang) 
 
Sim kuring yakin yen maneh na teh US da cara ngomong na ge kanyahoan jeung deui eta dina peneng na teh jelas pisan yen maneh na teh boga ngaran US, ku kuring teh ditanya make basa sunda ari maneh  na teh urang mana....dijawab teh urang daerah..(di jawa barat pokona mah)... bari jeung nanya keun deui (make basa indonesia-an) kumaha ceunah 600 rb teh. Kuring rada keuheul oge harita teh, "ieu teh kumaha siga nu jualan bae" jero hate teh....."punten ah kang! sayah pake pp dines, dan ini punya boss sayah pp hitam...ini juga ada surat pengantar dari kantor, klo fiscal mah enggak bayar" ceuk kuring bari rada ambek ka si akang-akang eta....dipenta pp ti wanoja patugas conter teh ku maneh na...ditilik2 kabeh pp jeung surat na teh ....bari jeung neureuy ciduh teh nitah ka salah sahiji wanoja maneh na teh (siga na mah nu keur magang), tug si wanoja teh ka konter imigrasi, balik deui teu lila teh si wanoja teh. Saenggeus kitu mah si akang-akang eta teh api-api teu apal ka saya teh (baruk teh!)....Masih aya rasa ka keuheul sim kuring teh, basa nungguan boss datang di ruhangan tunggu teh, papanggih jeung patugas ti angkasa pura na (da siga make baju tangtara AU tea/duka naon pangkatna teh, da aya 2 apa 3 setripan da dina taktak na teh)...ku kuring teh dilaporkeun kajadian tadi, ku anjeuna teh di tulis ngaran jeung konter na...tapi da duka...duka dipaluruh duka henteu laju na teh???
 
Naha aya nya US nu kitu, teung teuingeun...eung! matak pikeuheuleun tungtung na mah.
Panginten ieu teh salah sawios panyabab urang teh gelut jeung dulur sorangan? Tah kudu di kumaha keun atuh US nu siga kieu teh?...nyanggakeun baraya...
 
..ngahelas deui...
 
-pun adi-
 
********************************************************

Ani Puspita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Duh...kang Ahmad geuning salira ge nu lunta ka nagreg deungeun teu janten hilap ka lemah cai nu nuju tunggara, sumuhun upami di emutan mah naha bet urang teh kelu nandasa batur nyalira, sareng saurna urang Indo teh ramah tur handap asor, nanging buktosna ayeuna mah mani gararang eta we upami abdi mulih ka lembur di terminal mani sok patorong-torong anu parebut panumpang, tukang dagang asongan anu mamaksa bari keukeureuweut dagangeun kedah di galeuhan.....
 
Samentawis pangalaman pribados mah, nuju nyuhunkeun tulung ka pajabat nu ngageugeuh polsek alatan kabancen kaicalan kandaraan, sanes dibantos nu nuju riuh teh kalah ka kedah ngayakeun artos kanggo ngalancarkeun nawis anu ka kepala anu, ka kanit, jrrd anu lucu mah bet terus terang sesana mah uang rokok, sareng bensin. emh.......hawatos nya moral aparat urang teh.
 
Ari aparatna wae salaku penegak hukum sapertos kitu kumaha deui anu di ayoman na masyarakat anu kedah di tartibkeun ??
Jabi ti eta aya deui kaprihatinan sosial, geuningan dampak pembangunan teh ngaruh kana kualitas pendidikan, anu bumina kagalusur dijantenkeun mol, real estate, jalan tol, apartemen, nasib masarakatna teu kapalire ku pamarentah. Sueur murangkalih nu bolay sakola sanesna ti kedah menyesuaikan sareng lingkungan nu enggal oge ku teu kiatna mayar waragad pendidikan. Mending jenjangna ti SMP ka SMU atanapi ti SMU ka bangku kuliah mah, ieu mah SD oge seueur nu DO nuju kelas opat keneh.
 
 
nuhun,
neng an....
*sagalak-galakna maung, mani ngaheruk ari ninggal hasil survey nyalira diwidang pendidikan, janten ras ka diri.........
 
 
-----Original Message-----
From: Ahmad Junaedi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Kang Rudi.. wilujang tepang...

Sanaos nuju aya di nagri deungeun... ampir tiap dinten meryogikeun kanggo nitenan perkembangan di Indonesia ngalangkungan internet, janten ..."ngawitan wartos ledakan di KPU, ambrukna jambatan di pantura, kabingung para sepuh/wali murid mayunan taun pelajaran sareng sajabina deui... ditambihan oge ku "informasi" ti kang Rudi...perkawis "calo taksi" di Bandara...

Aya kaheuheul pacampur sedih...

emh... baraya... geuning... kahirupan urang teh dijieun henteu "pikabetaheun" (malah sabalikna, "pikasieunaneun", "pikeambekeun", "pikasediheun" jrrd) geuning.. (lain ngan ukur lain ku bangsa deungeun.. saperti baheula waktu dijajah.. mungkin masih keneh tepi ka kiwari ?) tapi pangpangnamah ku bangsa urang sorangan.. baraya tur dulur urang keneh....

Sim kuring bati.. hemeng... naha ieu teh kila-kila kitu ? Dina kaayaan sarwa susah (susah nyiar pakasaban, susah nyiar dahareun jrrd) naha bet jadi 'ngamangsa" dulur sa-bangsa ?  Apan alusnamah.. dina kaayaan sarwa ripuh kitu teh urang silih aping, silih tulungan tur "sabilulungan" pikeun ngaronjatkeun kahirupan dulur urang nu susah...

Bangsa urang anu disebutkeun someah teh (meureun baheula nya ? duka teh teuing ayeuna mah) ... bari sok diagul-agul... geuning (anu karasa ku kuring..) henteu leuwih someah ti bangsa deungeun....

Hapunten..terutami ka para sepuh.. bilih "langkung saur bahe carek"..

 

Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke