Hatur nuhun impormasina. Bilih aya artikel kasundaan anu sanesna mangga di posting deui. Diantosan ku sim kuring. Sareng bade ngirim naroskeun. Akang gaduh artikel ngeunaan penggunaan kecap di basa sunda?. Misalna penggunaan kecap dahar, tuang, emam, sareng neda. ulin, ameng datang, dongkap maneh, anjeun, sampean urang, kami, uing, aing, abdi, kuring, kula mangkat, angkat, indit, nepi, anjog jeng rea-rea deui
wasalam, DURAHMAN ----- Original Message ----- From: bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, July 27, 2004 10:56 AM Subject: [Urang Sunda] CUMARITA > Saur sepuh ahli basa, cenah upama urang leukeun nitenan > basa sunda anu kiwari masih keneh dipake alat nyatur ku > umumna seler sunda, cenah estu matak ningnang pisan pangna > nepi ka kitu diantarana bae balukar tina pagesrekna > (interaksi) jeung basa-basa sejen,boh jeung basa indonesia > boh jeung basa daerah lianna,boh jeung basa deungeun > pisan,katambah ku henteu sakabaeh panyatur basa sunda > paham kana elmu basa jadi munasabah kituna mah ngan > parandene kitu asa teu pantes lamun urang ngantep bae, > taya pisan upaya pikeun nyegahna,kitu saur sepuh teh > > Tah baraya,simkuring rek ngawawani maneh rek mudalkeun > cutatan ngeunaan basa sunda anu ngahaja meunang > ngumpulkeun kitu oge lamun katarima,lebah kakuranganana > mah nyanggakeun ka para baraya anu langkung paos > > Anu munggaran, > > Mindeng kadenge pangatur acara boh dina pangajian boh dina > acara sejena,nyarita siga kieu : > > a. Ayeuna anu bade cumarios ngadugikeun tausiah teh > ajengan Durachman ti citalahab > > b. Sim kuring bade ngiring cumarios dina ieu > majlis.....jst...... > > Kecap cumarios dina dua kalimah diluhur teh salah > cenah......dina kalimah a. aya dua kasalahan : > > kahiji cumarios disangka asalna tina cumarita anu > dilemeskeun > kaduana cumarita disaruakeun hartina jeung nyarita atawa > ngomong > > dina kalimah b, kasalahanana sarua jeung kalimah a. ari > katiluna upama cumarita sarua hartina jeung nyarita oge > tetep salah, nyaeta dina ngagunakeun basa lemes, sabab > nyarios mah lemes keur batur saluhureun cenah,ari ieu > dipake ku sorangan > > benerna kalimah a jeung kalimah b teh kieu cenah : > > a. Ayeuna anu bade nyarios (sasauran) ngadugikeun tausiah > the ajengan Durachman ti citalahab > > b. Sim kuring bade ngiring nyanggem dina ieu > majlis....jst... > > Ari benerna kecap cumarita saperti conto ieu : > > c. Boga pangarti jeung rijki beunang itikurih the > pibekeleun hidep jaga geus cumarita > > d. Cacakan pahatu lalis jang adim mah geus cumarita. > Kakara prak rarabi oge geus henteu henteu ngahiji deui > jeung bibina anu ngarorok manehna,pon kitu deui jeung > mitoha > > Pangjentre : > a. cumarita hartina geus bisa hirupsorangan alias > mandiri,imah-imah sorangan henteu ngahiji sarta gumantung > ka kolot, sumawona ka batur > > b. kecap cumarita tara dilemeskeun jadi cumarios, euweuh > lemesna > > tah kitu baraya anu tiasa kapidangkeun dinten ieu tina > cututan simkuring, cag....!! > > Oby tea ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

