|
KUDU KUMAHA
Mimitina tina simpe
Ngalempreh dina tungtung hate
Mepende... ngaharewos meuni jentre..
Lumantungna anjeun dina hate kuring
Ngajolelat kawas kilat tengah peuting
Mo bisa dihalangan
Sanaos ngan sakedapan
Mimitina tina sora...
Anjeun anu mokaha...
Mawa sirep ajen wiwaha...
Nepika kuring teu walakaya..
Geulis...
Seredetna hate kuring
Nalika anjeun ngaharewos
Muringkakna punduk kula...
Nalika anjeun medarkeun wakca
kacinta...
Geterna jajantung nu ratug tutunggulan
Nalika anjeun jentre mere hate...
Katresna anjeun...
Katresna kuring...
Kereteg anjeun...
Kereteg kuring...
Hate anjeun..
Hate kuring..
Tapi geulis...
naha kieu teh bet kakara
ayeuna..?
Tujuh taun kalangkung...
Waktu kuring nyorangan lalagasan..
Biheung anjeun daek dideukeutan..
Tujuh taun kalangkung...
Waktu kuring can rimbitan...
Biheung anjeun aya rasa kawas ayeuna
Geulis... jungjunan hate...
Hampura...
kuring teu walakaya...
nandang kanyaah jeung asih kasalira...
tapi palias sanes kedahna...
lantaran ayeuna kuring tos aya
nuboga...
Geulis... Bogoh mah keukeuh
Nyaah mah lunggah dina hate... kawas
caah
Tapi naha anjeun teh teu tibaheula...
Nyerina karaos ngurihit dina ati...
Nyelekit ngancik mawa kasakit..
Tapi teu kendat cumarita...
Waktos emut kana carita baheula...
Jungjunan katresna... nu baheula kantos jadi
rasa
Nu lumpat tina udagan kanyaah wanci
harita..
Tujuh taun kangkung...
Kiwari ngajirim jadi hiji wanoja
sakti..
Nu baris babakti kasalaki...
Tapi kedah kumaha...
Kapan kuring tos aya nuboga...
Hiji wanoja nu ti saprak harita kersa diajak
malarat rosa..
Sanajan wanci eta lain cinta nu
cumarita...
Tapi kaasih anjeuna mepende hate nu
simpe
Rakacakna rasa harita...diubaran
kuanjeuna...
Hampura geulis... hampura...
Kuring teu walakaya...
Wa1,
Bogor 27 July 2004
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Sajak Sonten Wawan Setyawan
- Re: [Urang Sunda] Sajak Sonten ichip ebel
- RE: [Urang Sunda] Sajak Sonten Cecep Wahyu

