Wilujeng wengi kang Oby !
Bet matak hemeng, nu disebut bosetek teh geuning aya pulunganeunana ? Da sakaterang kuring mah nu disebat bosetek teh (punten yeuh) jelema anu teu aya kagableg, teu aya pisan kabisa ! Ari bosetek nu ieu mah bet mahiwal, nya. Boa sakembaran jeung Michael Ontohod, da kapan anu disebat ontohod teh jelema nurustunjung, pikasebeleun, rehe, teu weleh pikacuaeun batur.
Carek kuring, mun bisa mah ulah sok nyiar-nyiar pibahlaeun, lalawora ngalandih karep ku sesebutan anu teu lucu, kumaha lamun seug katuliskeun jurig ? Kitu tah tanda kanyaah kuring.
Salajengna mangga urang ngahanca poko carita.
Saur kang Oby :
Basa Sunda anu kiwari masih keneh dipake alat nyatur ku umumna seler sunda, cenah estu matak ningnang pisan pangna nepi ka kitu diantarana bae balukar tina pagesrekna (interaksi) jeung basa-basa sejen, boh jeung basa
Carek kuring :
Hapunten kang Oby, lebah dieu kuring teu tiasa nyaluyuan. Dupi margi, kuring nyakseni, teu nginjeun mata teu nginjeum ceuli (bongan euweuh nu daek nginjeumkeun mata jeung ceulina), teu sakedik rerencangan anu fasih basa Inggris, fasih basa Jerman, fasih basa Arab, boh ngawangkong boh pdato. Tapi sok sanajan kitu, lamun pareng tepung jeung kuring, terus ngawangkong sakarepna, ����. basa Sundana ���� teu aya cawadeunana ! Naon sababna ? Sihoreng paelmuan basa Sunda oge ku manehna mah disajajarkeun jeung paelmuan basa sejen dina harti teu dileupaskeun tina pangawasana.
Ongkoh deui, ceuk katerangan anu katimu ku kuring, pangaweruh jeung pangabisa dina salah sahiji widang, Insya Allah moal ruksak ku lantaran boga deui pangaweruh jeung pangabisa dina widang anu sejen. Malah mah sawangsulna. Kamaheran dina widang anu anyar kadang kala bisa ngomean atawa ngaronjatkeun ajen kamaheran widang sejen nu geus aya samemehna.
Kacindekanana, mun tea enya aya Urang Sunda nu nyarita ku basa Sunda, tapi matak ningnang kakupingna, kuring yakin, lain kulantaran loba teuing ngawasa basa sejen, tapi lantaran teu kungsi teuleun di sagara Basa Sunda.
Saur kang Oby :
Mindeng kadenge pangatur acara boh dina pangajian boh dina acara sejena, nyarita siga kieu :
a. Ayeuna anu bade cumarios ngadugikeun tausiah teh ajengan Durachman ti citalahab
b. Sim kuring bade ngiring cumarios dina ieu majlis.....jst......
Kecap cumarios dina dua kalimah diluhur teh salah cenah......
Carek kuring :
Pas ! Nu ieu mah keuna pisan ! Leres, eta teh lepat ! (teu puguh, nya ! ongkoh leres, tapi lepat !).
Enya atuh, bener, eta teh salah ! Heuheuy deuh ! Saruana keneh eta ge ! Na kudu kumaha atuh ?
Leres saur kang Oby, kecap cumarita (anu henteu dilemeskeun jadi cumarios) mibanda harti anu mandiri, nyaeta : geus bisa hirup sorangan, imah-imah sorangan, henteu gumantung ka batur.
Upami aya nu nyebat cumarita (langkung jentre cumarios) kalawan anu dimaksudna teh loba nyarita (pidato), rupina eta teh dumasar kana elmu rarangken, dina hal ieu nyaeta rarangken (tengah) �um�, samodel geulis jadi gumeulis, kincir jadi kumincir, gede jadi gumede, jrrd. Tah, meneran anu kakeunaan rarangken (tengah) �um� teh kecap carita/carios, atuh tangtu jadi cumarita/cumarios ! Jadi, aya dadasarna !
Nya ku kituna, urang teu tiasa �nuduh� yen anu nyarita (saperti pangatur acara) teh jalma anu teu paham elmu basa. Tapi ku sabab, kecap cumarita teh mibanda harti anu mandiri (sakumaha anu dipedar ku kang Oby), atuh kantenan, urang kakeunaan ku kawajiban, ngabejaan ! Demi carana, bawirasa cara nu dianggo ku kang Oby parantos nyumponan sarat sae. Ngan bakal langkung sae upami sahinasna bae, dina hartos teu nganggo implik-implik henteu paham kana elmu basa.
Sakitu kang Oby, mangga korehan deui nu sanesna, engklokaneun kuring !
Salam,
Kang Dien
bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saur sepuh ahli basa, cenah upama urang leukeun nitenan
basa sunda anu kiwari masih keneh dipake alat nyatur ku
umumna seler sunda, cenah estu matak ningnang pisan pangna
nepi ka kitu diantarana bae balukar tina pagesrekna
(interaksi) jeung basa-basa sejen,boh jeung basa indonesia
boh jeung basa daerah lianna,boh jeung basa deungeun
pisan,katambah ku henteu sakabaeh panyatur basa sunda
paham kana elmu basa jadi munasabah kituna mah ngan
parandene kitu asa teu pantes lamun urang ngantep bae,
taya pisan upaya pikeun nyegahna,kitu saur sepuh teh
Tah baraya,simkuring rek ngawawani maneh rek mudalkeun
cutatan ngeunaan basa sunda anu ngahaja meunang
ngumpulkeun kitu oge lamun katarima,lebah kakuranganana
mah nyanggakeun ka para baraya anu langkung paos
Anu munggaran,
Mindeng kadenge pangatur acara boh dina pangajian boh dina
acara sejena,nyarita siga kieu :
a. Ayeuna anu bade cumarios ngadugikeun tausiah teh
ajengan Durachman ti citalahab
b. Sim kuring bade ngiring cumarios dina ieu
majlis.....jst......
Kecap cumarios dina dua kalimah diluhur teh salah
cenah......dina kalimah a. aya dua kasalahan :
kahiji cumarios disangka asalna tina cumarita anu
dilemeskeun
kaduana cumarita disaruakeun hartina jeung nyarita atawa
ngomong
dina kalimah b, kasalahanana sarua jeung kalimah a. ari
katiluna upama cumarita sarua hartina jeung nyarita oge
tetep salah, nyaeta dina ngagunakeun basa lemes, sabab
nyarios mah lemes keur batur saluhureun cenah,ari ieu
dipake ku sorangan
benerna kalimah a jeung kalimah b teh kieu cenah :
a. Ayeuna anu bade nyarios (sasauran) ngadugikeun tausiah
the ajengan Durachman ti citalahab
b. Sim kuring bade ngiring nyanggem dina ieu
majlis....jst...
Ari benerna kecap cumarita saperti conto ieu :
c. Boga pangarti jeung rijki beunang itikurih the
pibekeleun hidep jaga geus cumarita
d. Cacakan pahatu lalis jang adim mah geus cumarita.
Kakara prak rarabi oge geus henteu henteu ngahiji deui
jeung bibina anu ngarorok manehna,pon kitu deui jeung
mitoha
Pangjentre :
a. cumarita hartina geus bisa hirupsorangan alias
mandiri,imah-imah sorangan henteu ngahiji sarta gumantung
ka kolot, sumawona ka batur
b. kecap cumarita tara dilemeskeun jadi cumarios, euweuh
lemesna
tah kitu baraya anu tiasa kapidangkeun dinten ieu tina
cututan simkuring, cag....!!
Oby tea
===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

