--- Wawan Setyawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> KUDU KUMAHA
> 
> Mimitina tina simpe
> Ngalempreh dina tungtung hate
> Mepende... ngaharewos meuni jentre..
> 
> Lumantungna anjeun dina hate kuring
> Ngajolelat kawas kilat tengah peuting
> Mo bisa dihalangan 
> Sanaos ngan sakedapan
> 
> Mimitina tina sora...
> Anjeun anu mokaha...
> Mawa sirep ajen wiwaha...
> Nepika kuring teu walakaya..
> 
> Geulis...
> Seredetna hate kuring 
> Nalika anjeun ngaharewos
> Muringkakna punduk kula...
> Nalika anjeun medarkeun wakca kacinta...
> Geterna jajantung nu ratug tutunggulan
> Nalika anjeun jentre mere hate...
> 
> Katresna anjeun...
> Katresna kuring...
> Kereteg anjeun...
> Kereteg kuring...
> Hate anjeun..
> Hate kuring..
> 
> Tapi  geulis... 
> naha kieu teh bet kakara ayeuna..?
> 
> Tujuh taun kalangkung...
> Waktu kuring nyorangan lalagasan..
> Biheung anjeun daek dideukeutan..
> 
> Tujuh taun kalangkung...
> Waktu kuring can rimbitan...
> Biheung anjeun aya rasa kawas ayeuna
> 
> Geulis... jungjunan hate...
> Hampura...
> kuring teu walakaya...
> nandang kanyaah jeung asih kasalira...
> tapi palias sanes kedahna...
> lantaran ayeuna kuring tos aya nuboga...
> 
> Geulis... Bogoh mah keukeuh
> Nyaah mah lunggah dina hate... kawas caah
> Tapi naha anjeun teh teu tibaheula...
> 
> Nyerina karaos ngurihit dina ati...
> Nyelekit ngancik mawa kasakit..
> Tapi teu kendat cumarita...
> Waktos emut kana carita baheula...
> 
> Jungjunan katresna... nu baheula kantos jadi rasa
> Nu lumpat tina udagan kanyaah wanci harita..
> Tujuh taun kangkung...
> 
> Kiwari ngajirim jadi hiji wanoja sakti..
> Nu baris babakti kasalaki...
> Tapi kedah kumaha...
> Kapan kuring tos aya nuboga...
> Hiji wanoja nu ti saprak harita kersa diajak malarat
> rosa..
> Sanajan wanci eta lain cinta nu cumarita...
> Tapi kaasih anjeuna mepende hate nu simpe
> Rakacakna rasa harita...diubaran kuanjeuna...
> 
> Hampura geulis... hampura...
> Kuring teu walakaya...
> 
> 
> Wa1,
> Bogor 27 July 2004
> 

sae piisan Kang sajakna.....


        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
http://promotions.yahoo.com/new_mail 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke