wilujeng enjing........baraya,....hatur nuhun gan didin.....ceuk kuring oge kakuranganana mah nyanggakeun........!!! eta oge meunang mulungan, saur sepuh nya dicutat dirugal rigel dikamalirkeun kana ieu rohangan rumasa kuring mah lain ahli pedah we gede katineung ka kisunda, hatur nuhun.......gan didin......hatur nuhun....!
Oby tea On Tue, 27 Jul 2004 09:34:09 -0700 (PDT) Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng wengi kang Oby ! > > > > Bet matak hemeng, nu disebut bosetek teh geuning aya >pulunganeunana ? Da sakaterang kuring mah nu disebat >bosetek teh (punten yeuh) jelema anu teu aya kagableg, >teu aya pisan kabisa ! Ari bosetek nu ieu mah bet >mahiwal, nya. Boa sakembaran jeung Michael Ontohod, da >kapan anu disebat ontohod teh jelema nurustunjung, >pikasebeleun, rehe, teu weleh pikacuaeun batur. > > Carek kuring, mun bisa mah ulah sok nyiar-nyiar >pibahlaeun, lalawora ngalandih karep ku sesebutan anu teu >lucu, kumaha lamun seug katuliskeun jurig ? Kitu tah >tanda kanyaah kuring. > > > > Salajengna mangga urang ngahanca poko carita. > > > > Saur kang Oby : > > > > Basa Sunda anu kiwari masih keneh dipake alat nyatur ku >umumna seler sunda, cenah estu matak ningnang pisan >pangna nepi ka kitu diantarana bae balukar tina >pagesrekna (interaksi) jeung basa-basa sejen, boh jeung >basa indonesia boh jeung basa daerah lianna, boh jeung >basa deungeun pisan, katambah ku henteu sakabeh panyatur >basa sunda paham kana elmu basa. > > > > Carek kuring : > > > > Hapunten kang Oby, lebah dieu kuring teu tiasa >nyaluyuan. Dupi margi, kuring nyakseni, teu nginjeun mata >teu nginjeum ceuli (bongan euweuh nu daek nginjeumkeun >mata jeung ceulina), teu sakedik rerencangan anu fasih >basa Inggris, fasih basa Jerman, fasih basa Arab, boh >ngawangkong boh pdato. Tapi sok sanajan kitu, lamun >pareng tepung jeung kuring, terus ngawangkong sakarepna, >…………. basa Sundana ………… teu aya >cawadeunana ! Naon >sababna ? Sihoreng paelmuan basa Sunda oge ku manehna mah >disajajarkeun jeung paelmuan basa sejen dina harti teu >dileupaskeun tina pangawasana. > > Ongkoh deui, ceuk katerangan anu katimu ku kuring, >pangaweruh jeung pangabisa dina salah sahiji widang, >Insya Allah moal ruksak ku lantaran boga deui pangaweruh >jeung pangabisa dina widang anu sejen. Malah mah >sawangsulna. Kamaheran dina widang anu anyar kadang kala >bisa ngomean atawa ngaronjatkeun ajen kamaheran widang >sejen nu geus aya samemehna. > > Kacindekanana, mun tea enya aya Urang Sunda nu nyarita >ku basa Sunda, tapi matak ningnang kakupingna, kuring >yakin, lain kulantaran loba teuing ngawasa basa sejen, >tapi lantaran teu kungsi teuleun di sagara Basa Sunda. > > > > Saur kang Oby : > > > > Mindeng kadenge pangatur acara boh dina pangajian boh >dina acara sejena, nyarita siga kieu : > > a. Ayeuna anu bade cumarios ngadugikeun tausiah teh >ajengan Durachman ti citalahab > > b. Sim kuring bade ngiring cumarios dina ieu >majlis.....jst...... > > Kecap cumarios dina dua kalimah diluhur teh salah >cenah...... > > > > Carek kuring : > > > > Pas ! Nu ieu mah keuna pisan ! Leres, eta teh lepat ! >(teu puguh, nya ! ongkoh leres, tapi lepat !). > > Enya atuh, bener, eta teh salah ! Heuheuy deuh ! Saruana >keneh eta ge ! Na kudu kumaha atuh ? > > Leres saur kang Oby, kecap cumarita (anu henteu >dilemeskeun jadi cumarios) mibanda harti anu mandiri, >nyaeta : geus bisa hirup sorangan, imah-imah sorangan, >henteu gumantung ka batur. > > Upami aya nu nyebat cumarita (langkung jentre cumarios) >kalawan anu dimaksudna teh loba nyarita (pidato), rupina >eta teh dumasar kana elmu rarangken, dina hal ieu nyaeta >rarangken (tengah) “um”, samodel geulis jadi gumeulis, >kincir jadi kumincir, gede jadi gumede, jrrd. Tah, >meneran anu kakeunaan rarangken (tengah) “um” teh kecap >carita/carios, atuh tangtu jadi cumarita/cumarios ! Jadi, >aya dadasarna ! > > Nya ku kituna, urang teu tiasa “nuduh” yen anu nyarita >(saperti pangatur acara) teh jalma anu teu paham elmu >basa. Tapi ku sabab, kecap cumarita teh mibanda harti anu >mandiri (sakumaha anu dipedar ku kang Oby), atuh >kantenan, urang kakeunaan ku kawajiban, ngabejaan ! Demi >carana, bawirasa cara nu dianggo ku kang Oby parantos >nyumponan sarat sae. Ngan bakal langkung sae upami >sahinasna bae, dina hartos teu nganggo implik-implik >henteu paham kana elmu basa. > > > > Sakitu kang Oby, mangga korehan deui nu sanesna, >engklokaneun kuring ! > > > > Salam, > > Kang Dien > > > bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Saur sepuh ahli >basa, cenah upama urang leukeun nitenan > basa sunda anu kiwari masih keneh dipake alat nyatur ku > umumna seler sunda, cenah estu matak ningnang pisan >pangna > nepi ka kitu diantarana bae balukar tina pagesrekna > (interaksi) jeung basa-basa sejen,boh jeung basa >indonesia > boh jeung basa daerah lianna,boh jeung basa deungeun > pisan,katambah ku henteu sakabaeh panyatur basa sunda > paham kana elmu basa jadi munasabah kituna mah ngan > parandene kitu asa teu pantes lamun urang ngantep bae, > taya pisan upaya pikeun nyegahna,kitu saur sepuh teh > > Tah baraya,simkuring rek ngawawani maneh rek mudalkeun > cutatan ngeunaan basa sunda anu ngahaja meunang > ngumpulkeun kitu oge lamun katarima,lebah kakuranganana > mah nyanggakeun ka para baraya anu langkung paos > > Anu munggaran, > > Mindeng kadenge pangatur acara boh dina pangajian boh >dina > acara sejena,nyarita siga kieu : > > a. Ayeuna anu bade cumarios ngadugikeun tausiah teh > ajengan Durachman ti citalahab > > b. Sim kuring bade ngiring cumarios dina ieu > majlis.....jst...... > > Kecap cumarios dina dua kalimah diluhur teh salah > cenah......dina kalimah a. aya dua kasalahan : > > kahiji cumarios disangka asalna tina cumarita anu > dilemeskeun > kaduana cumarita disaruakeun hartina jeung nyarita atawa > ngomong > > dina kalimah b, kasalahanana sarua jeung kalimah a. ari > katiluna upama cumarita sarua hartina jeung nyarita oge > tetep salah, nyaeta dina ngagunakeun basa lemes, sabab > nyarios mah lemes keur batur saluhureun cenah,ari ieu > dipake ku sorangan > > benerna kalimah a jeung kalimah b teh kieu cenah : > > a. Ayeuna anu bade nyarios (sasauran) ngadugikeun >tausiah > the ajengan Durachman ti citalahab > > b. Sim kuring bade ngiring nyanggem dina ieu > majlis....jst... > > Ari benerna kecap cumarita saperti conto ieu : > > c. Boga pangarti jeung rijki beunang itikurih the > pibekeleun hidep jaga geus cumarita > > d. Cacakan pahatu lalis jang adim mah geus cumarita. > Kakara prak rarabi oge geus henteu henteu ngahiji deui > jeung bibina anu ngarorok manehna,pon kitu deui jeung > mitoha > > Pangjentre : > a. cumarita hartina geus bisa hirupsorangan alias > mandiri,imah-imah sorangan henteu ngahiji sarta >gumantung > ka kolot, sumawona ka batur > > b. kecap cumarita tara dilemeskeun jadi cumarios, euweuh > lemesna > > tah kitu baraya anu tiasa kapidangkeun dinten ieu tina > cututan simkuring, cag....!! > > Oby tea > > =========================================================================================== > "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di >www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet >Gratis.. > Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, >Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 " > =========================================================================================== > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT > > > --------------------------------- > Yahoo! Groups Links > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! >Terms of Service. > > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage! =========================================================================================== "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis.. Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 " =========================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

