--- aleams barra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mendakan ieu alamat, tangtosna baraya nu sanes aya nu kantos ningali
> http://www.sunda.org/index.htm
> Cik-cik kumaha komentarna.......
==============================
Kuring kungsi susuratan jeung nu boga alamat di eta situs, gunem catur ngeunaan
kristenisasi jeung
sajabana nu patali jeung hal ieu. Kahijina mah kuring nepikeun kateupanujuan ku ngaran
websitena,
da pantesna teh mun ngaran URLna kitu bisa dianggap official website organisasi
Sunda/urang Sunda.
Oge ngeunaan kasus-kasus/sajarah kristenisasi sapanjang jaman, ti baheula nepi ka
kiwari, kumaha
kajadianana, ngabanding2 antara asupna Islam & Kristen ka kaom/bangsa.
Baheula, jaman perang campuh pantes keneh, nyebarkeun ageman jeung kapercayaan teh ku
bedil jeung
pedang. Kapan nu jadi spirit imperialisme jaman abad2 kamari ge pan kaselip ku Gospel
tea. Jaman
kiwari, geus (rada) beda, da ayeuna mah geus teu ilahar bangsa2 silih paehan (iwal ti
si kehed
Bush Jr sabalad2 nu nyerang Irak, jeung Israel nu beuki haus getih nandasa urang
Palestina, sesana
meureun perang dulur sabangsa kawas di Afrika, nu cenah aya oge patalina jeung masalah
ageman,
jsb). Ayeuna mah make pendekatan kultural, ku jalan neuleuman budaya & adat bangsa nu
sasab,
sangkan bisa ditembus ku maranehna.
Conto nu gampil, baraya panginten arapal ka Mikihiro Moriyama, nu nalungtik ngeunaan
Sunda pikeun
ulikan doktoralna. Ti mana asal paguronna? Paguronna teh Paguron Kristen. Naon atuh
pangna urang
Jepang make los-los nalungtik urang Sunda? Nya eta pisan, dina raraga dalam rangka
tea... Salaca
ilmiah mah tangtu kuring ngajenan kalawan hade ieu panalungtikan, jempol kuirng nu opat
diacungkeun kabeh lah kanggo Kang Miki, bari jeung da jinisna nu nalungtik mah can
tangtu boga
motif nepi ka lebah dinya. Ngan, sacara komprehensif, aya pisan patalina: dina raraga
neuleuman
budaya & adat bangsa nu sasab tea. Ceuk kuring pribadi eta ge.
jk
__________________________________
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
http://mobile.yahoo.com/maildemo
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/