Nyaeta atuh kang, abdi teh sok isin upami Posting didieu. bisi kaluar basa Bantenna, basa Sunda anu pang awonnna.
Ku kituna abdi mung janten panonton heula ayeuna mah, sakantenan ngarobih kabiasaan basa sunda nu kasar tea.
Ayeuna abdi aya di Medan (SUMUT) jeung didieu acan mendakan US anu tiasa diajak ngobrol Sunda anu lemes. Aya oge urang Banten turunan anu nganggo basa Banten campur sareng basa Jawi.
 
Baktos kanggo urang Sukabumi sadayana...
 
Wassalam
Wawan

Wawan Setyawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Beu... Sukabumi..?
uing ge ti Sukabumi kang..? aya kang hendri ti Sukabumi, aya teh Ani, nu kamari hoyongeun ka Sukabumi... Aya kang Badrudin di kramatjati nu Asli sasih kalangkung to ti Sukabumi,
Aya oge kang Panji nu jangkung badag ayeuna di batam, anjeuna oge urang Sukabumi ti Cikembar mamangna teh...
 
Aya neng Salma imas, ti Sukabumi
Aya mang Jamal nu hoyong ka Sukabumi
Ua Sasmita nu kagungan besan urang cianjur tatanggina sukabumi...
 
Janten urang teh sanasib atuh kang Wan....
Sami sami urang sunda...
hayu atuh... geura kaluarkeun eta elmu pabantenan teh... sok sanaos sanes jabar oge... tetep bae banten mah diaku sabage banten...
 
 
jaka sembung
ngadamel loyang nya..?
 
wass,
wa1


Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke