|
kumaha pami salasaurang warga kusnet ngintun serat
ka TPI,
eusina mah nganuhunkeun sareng ngadukung eta
acara,
sugan jeung sugan we atuh eta acara teh janten
acara matuh di TPI,
kamari ge rerencangan di kantor nyarios ka
abdi,
saurna aya acara wayang golek di TPI, anjeunna mani
resep sareng atoheun,
berarti masih seueur keneh urangsunda anu resep
kana kabudayaan sunda, komo wayang golek mah,
mung mediana anu sesah.. oge basa abdi nyetel pupuh
17, aya rerencangan US nu sok ngadon ngiring
ngadangukeun di kantor.. saurna.. duh mani wararaas
nya ari ngadangukeun tembang sunda teh..
malah mah anjeunna oge bade ngopy
saurna...
uwa sas... teu nanaon kitu pami abdi ngopy CD anu
ti uwa tea...??
mangga teu langkung ka sadayana, da abdi mah mung
usul wungkul...
Panzi
(masih micinta kana budaya sunda)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] Golek di TPI kamurer
- Re: [Urang Sunda] Golek di TPI--rekam durahman
- Re: [Urang Sunda] Golek di TPI Tito Suryana
- Kenzi

