leres kang sanes di tatar sunda wae anu rumahuh ku waragad sakola teh, tapi sami mawon di jawatimur oge geura pun anak lebet ka smp tah sumbangan kedah sakitu juta, teras seragam sakitu ratus rewu teu acan nu sanesna emhh, teras anu cikal bade ka paguron luhur...beu edas kedah ngetrukeun tutungkusan dugi ka koredas. geura k fakultas kedokteran UNAIR sanaos lulus resmi testing pan kedah aya 85 juta, diswasta kedah mayar 35 juta tahun kapengker. mun kaayaan kieu terus ceuk ramalan abdimah engke teh upami aya nu gering moal neangan dokter tapi ka paranormal, dukun ah pokonamah alternatif wae naon alesanana ?
pan nu bisa jado dokter teh nu boga duit ari nu pinter teu boga duit moal jadi dokter tah lamun jadi dokter ku duit meureun mariksanateh kira-kira naon bedana jeung dukun ? mening ka dukun bayarna murah. enya kitu ? wallahualam ah.
cag .....sami nuju ngedalkeun rasa hihihih
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, July 29, 2004 8:31 PM
Subject: [Urang Sunda] Pendidikan di Jawa Barat (I)

Para wargi KUSNET, punten abdi kumawantun..
aya "ganjelan dina ati" anu mudah-mudahan ku di serat sareng dikintunkeun ka forum KUSNET.. tiasa sakedik ngalipur diri.. atuh langkung ti eta upamina aya "pulunganeun anu saena" teu aya lepatna upami nyobian di pratekkeun di lingkungan urang... 
Punten..gaya nyeratna disesuaikaeun sareng forum milist..(serelek)
 
Pendidikan di Jawa Barat (Tatar Sunda) (I)
 
Urang Jawa Barat (Tatar Sunda) hayang bisa maju?  Tangtu sarerea pada ngajawab "hayang pisan", moal aya beda paham lan beda kahayang.  Tapi.. naha urang pada terang, kumaha tah carana supaya bisa maju ?  Sadayana oge masih tiasa ngajawab "Ronjatkeun pangwangunan".  Ah da ti baheula oge kapan urang teh terus-terusan ngawangun..."jalan dilebaran, gedong-gedong luhur sareng mall diadegkeun, jambatan jeung jalan tol diayakeun, teu tinggaleun sakola oge rajeg tepi ka pilemburan, mobil mewah pasuliwer makin loba, komputer jeung internet mayah ka mana-mana", naha eta teh lain tanda kamajuan ?
 
Leres pisan saderek... eta teh tawis kamajengan.. namung.. punten... saenamah.. anu dijantenkeun "iloan" (standar ? punten pang lereskeun bilih lepat) teh sanes mung sakadar wujud fisik/materi wungkul.  Kedah "paripurna" saur basa kerenna tea mah.  Kedah ngalingkup boh material boh non material, cohagna mah lahiriah sareng batiniahna.  Leres pisan ari dina perkawis pangwangunan lahiriah mah.. diangken.. urang teh parantos seueur kamajengan... namung... dina perkawis pangwangunan mental spiritual atanapi aspek moral lan bathiniahmah... raraosan pribados... masih kalintang kakantunna.  Malihmah.. seueur pisan kajantenan anu mungkin ku urang tiasa kaalaman sareng kabandungan.. boh pajabat, boh rayatna, oge wawakil rayatna, atuh henteu kakantun para jejer aparat hukumna... cindeknamah ampir sererea.. geuning.. horeng simana horeng... parantos seueur anu tos hilap kana purwadaksi, tos henteu nyepeng pageuh kana atikan agami.  Eta oge henteu dipungkir, seueur keneh anu tetep pageuh nyepeng prinsip "jujur, bener tur adil" namung eleh pamor, seueur anu kalelepkeun, kasiku tur katincak....
 
Ieu mah ringkesna bae...
Kanggo tiasa ngamajukeun nagri (hususna tatar Sunda), tangtos diperyogikeun para SDM (sumber daya manusia) anu unggul, unggul anu paripurna... boh dina bag-bagan elmu pangaweruh jeung teknologi oge ulah kakantun mental spiritualna, sapalihana mah aya anu nyebat IPTEK (ilmu pengetehauan dan teknologi) sareng IMTAK (iman dan takwa).  Dina leresan ieu... peranan widang "pendidikan" kalintang strategisna.
 
Namung... anu kabandungan ku sim kuring.. diana waktos-waktos ieu... terutami anu patali sareng masa panampian siswa enggal taun pelajaran... geuningan.. ambuing-ambuing... matak ngajenghak... tur ngajonghok... kaget anu pohara...  Anu kabandungan ku sim kuring, seueurna keluhan perkawis biaya sakola (samentawis mah ti SD dugi SMA) teh seuseurna kasusna teh aya di Jawa Barat (kaleresan, pribados seringna maos teh warta ti detik, republika sareng kompas on line).  Eta oge aya berita ti Jakarta sareng daerah Banten (Tangerang).  Ieumah.. seuseueurna... ti Jawa Barat (Tasik, Subang, Bekasi, Bogor, Bandung, jrrd).  Beja ceuk cenahmah, sagala biaya sakola teh diperyogikeun kanggo ngaronjatkeun kualitas pendidikan... Naha enya kitu ?
Sim kuring mah bati hawatir.. sanes awon sangki, punten ka para pendidik... sim kuring oge kalebet pendidik keneh... paur bin sieun... "dunia pendidikan di Jawa Barat" tos ka isme-an ku euphoria "reformasi" anu salah kaprah.  Ekueur mah eukeur urang teh hirup dina kaayaan sarwa susah... neangan pendidikan oge hayoh deuih pipilueun jadi mahal lan nambahan susah...  Cobi aya rincian kieu geura : uang pembangunan gedung, uang meja-kursi, uang perpustakaan, uang buku, uang seragam, uang seragam batik, uang baju pramuka, uang OSIS, uang asuransi, uang pramuka, uang PMI, uang pentas seni... jrrd.  Hmh... bati rumahuh... na nya bet kasusah teh bet diaya-ayakeun...
 
Ieu mah punten.. bade janten juru ramal...  Aya dua hal anu ku sim kuring kaemutan perkawis "biaya mahal" widang pendidikan ieu...Teu aya sanes: Ningkatkeun kualitas proses belajar-mengajar, sareng anu oge henteu eleh penting, ngaronjatkeun jaminan kesejahteraan para guru.  Anu jadi patarosan tur pasualan.. naha eta dua hal teh tiasa dibebankeun ka para sepuh/wali murid ?
 
Cag heula... bade ngarahuh heula.....
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke