Kang Ilen :
Rumpaka nu ieu mah tong teuing dialokan, tapi kedah dibejer-beaskeun :
1. Naon eusining ieu rumpaka (di handap) anu cenah lir ciibun jeubf saterusna teh ?
2. Eta rumpaka, mun ditembangkeun, laguna pasti Mangari. Dupi kecap mangari ti mana jolna, naon hartina ?
3. Ditilik tina wangunan guguritanana, sidik pisan eta teh wangunan pupuh dangdanggula paranti miwuruk tea. Lamun enya eta teh piwuruk, saha nu miwuruk, saha nu diwuruk, jeung naon eusining piwurukna ?
Omat kang, caangan kuring, lebah dieu poekeun pisan !
LIR CIIBUN ANU NGAGARAWING
NU MARUNTANG DINA DANGDAUNAN
NGAGARENYAS TING PONCORONG
CINYUSU LUHUR GUNUNG
ANU MUNTANG NA CADAS NAWING
ANA MANGSANA NYAKCLAK
TINA LUHUR GUNUNG
SORANA KAPIRENG NGONCRANG
GULUYURNA SORA SARI CAI TARIK
TURUN TI PAGUNUNGAN
Timpah hatur nuhun,
Kang Dien
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

