SISI BASISIR Tojona panon poe sumedeng panas Nyirorot nojo dina ponclot tangkal kalapa Nu gugupay kawas neuleuman hate kawula Sisi basisir…. Ngalipek dina keusik Sabari nyawang alam katukang Ngawawaas nu tos lawas Geledur-na ombak laut kidul Nu ngadu balap pating jelegur Nyengserikeun hate nu keur tagiwur Leuleus… hate teh taya tangan pangawasa Ari ras kaanjeuna Nu jauh paanggang rasa jeung raga… === Sisi basisir Cibangban nu janten saksi… Kakawasaan Anjeun nu rohaka …Gusti… Mo aya nu kawasa batan Anjeun… Mo aya nu mampu nandangan Kajayaan Anjeun… Mo Aya nu bisa ngabulak balik ombak laut kidul iwal Anjeun… Nun Gusti… Pangeran abdi… Hampura ieu hate nu teh tos ceda… tampadaksa Nu teu pati tumarima kana taqdir Anjeun Papasten kanggo kawula… Alatan kagembang ku nu geulis jangkung lenjang Dug dugika teu rumasa mun Anjeun tos maparin sagalana… Malahan tobat oge geus jadi sambel nu ngan seuhah saharita… Hampura Gusti… hampura kuring nu kirang tumarima…. == Sisi Basisir Cibangban… Ombak laut kidul narembongan... Ngaburak barik jajati ning diri… Mawa carita kalaut nu ngamplak tutugan katumbiri… Sisi Basisir…. Cibangban… Laut kidul… Citresna ngalembereh… mewek… bari rebeh… Cumarita… ras inget kana dosa ka Manten-na… Gusti anu kawasa kana raga tur rasa sarerea… Cibangban, Laut Kidul, Palabuan Ratu 31 July 2004 Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
Title: SISI BASISIR
- Re: [Urang Sunda] SISI BASISIR Wawan Setyawan
- Re: [Urang Sunda] SISI BASISIR Jalak Harupat
- Re: [Urang Sunda] SISI BASISIR Wawan Setyawan

