poe minggu ti jam 8-12 si kuring nyumponan undangan koran Kompas dina acara evaluasi kagiatan Forum Pembaca Kompas. si kuring salah saratus anggota, ngawakilan pa Deden, da nu ngalanggan mah pa Deden ti awal 80-an nepi ka kiwari.
tempatna di hotel Holiday Inn, Dago. nu rek dicaritakeun lain kagiatan kumpul2na, da biasa ngan ukur evaluasi tanya jawab, jeung sajabana. UUD oge, ujung2na Dahar. bari diamplopan cepe jeung kaos jeung buku kumpulan cerpen kompas 2004. nya Kompas ayeuna boga kaca khusus Jawa Barat. engke mah malah rek dicitak di Rancaekek cenah. teu di jakarta deui. tapi ieu...tempatna, ruang Berlian, tiis teuing jang si kuring, puguh we jadi pulang anting ka tukang: beser..! di Lobby Holiday Inn eta, aya opat patung ngajajar sisi kaca, nyanghareup ka jero. rupana aneh, dedegna semu2 tradisional. panasaran, nya diilikan tulisan handapeunana. si horeng teh, enya we, nu hiji, patung anjing, minangka si Tumang, make tulisan singket legenda Sangkuriang, di handapna tina tembaga. nu gigireun panto asup, aya patung awewe ngora. pasti Dayang Sumbi, beh ditu aya Sangkuriang, terus aya aki-aki keur nyekel hayam jago. teuing saha da teu aya ngarana atawa katerangan di handapna. akina Sangkuriang kitu? pastina ka dinya perkiraan teh. asa kakara di bandung manggihan patung nu make gagasan ti legenda urang sunda. baheula kungsi boga kahayang saperti kitu, di taman monumen perjuangan rakyat jabar, hareupeun gasibu oge gedon telkom, ngajajar patung2 ukuran jelema, nu nyokot ti carita rakyat urang sunda, kaasup patung kabayan...hehe ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

