alhamdulillah....
reueus mun seug ngabandungan geuning urang sunda nu aya di sakumna babakan kusnet teh geuning sumeubar di sakuliah bumi, salah sawiosna nya di Korea.
 
malih pami di titenan mah hiji-hijina, aya nu di Jepang, Austria, Jerman, Belanda, tur rea-rea deui. tah sok coba geura emutan rek teu bangga kumaha mun seug baraya ki Sunda manggung tur tandang makalangan di sabudereun dunia teh bari nyukcruk elmu nyiar pangaweruh keur bekeul hirup. tangtuna ge teu hilap keur nanjeurkeun citra ki sunda... kitu sanes?
 
da ari kuring mah ngumbara na ka Korea teh sanes siga baraya babakan kusnet nu nyiar elmu pangaweruh, nanging ukur jadi kuli TKI..., ah tapi sok sanaos kitu ge reueus we ku baraya kusnet sadaya na...
 
mangga atuh ka sakumna wanoja geura pilih tah jajaka kusnet nu aya di Korea..., kanggo kang Yaya pamugi geularna sanes mung ukur juru teupang deui ayeunamah, tapi oge janteun biro jodoh we sakanteunan ... he ... he ... he ...,
 
ulah bendu kang Yaya... 

Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ieu teh hiji tanda kanyaah ti lanceuk keur sakumna
wanoja Kusnet nu can rimbitan, diantawisna: Neng Nia,
Neng Pupuj, Neng Ani, Neng Wizar, saha deui
nya....ulah ah Pupy mah da tos gaduh.

Tah tanda kanyaah teh hiji beja gumbira, sanggeus di
korehan na pabetekan kota Seoul, pating gorehel jajaka
Sunda jekekan boh lulusan Itebeh atawa Unpar, aya 4
jajaka nu nuju sakola S2 di Korea, tah ieu barangna:

1. Yudi Heryawan (Singa"gering"parna,ITB)
2. Yudi Stiawan (Majalengka,Unpar)
3. Arief Garut (Garut Pengkolan,ITB)
4. Hary Devianto (Sukabumi,ITB)

Engke potona sikirimkeun, sok buru geura bageakeun tah
jajaka teh, mangga wanoja Kusnet geura nyalisiran tong
sisiaran bae.

KangYa
Tungtung-Seoul


           
__________________________________
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke