Assalamu'alaikum........
Neng Pupi sareng kang Boim......
Teteh teh mani asa dosa hayang panggih teu laksana, da kumaha di bandung teh puntang panting, kaditu kadieu asa heureut waktos teh. Dongkap ka bdg dinten Jum'ah, siang langsung ka panaruban dugi ka wengi, satadina bade ka neng pupi heula, ieu waktosna samporet da tos siang pisan bilih wangsul ti panaruban kawengian. Kang Boim punten teu nyamper, padahal tos jangji hoyong pendak, aduh sanes degig...mung sakadang waktos, mani heurin...he he.....padahal hayang dianteur ku kang boim, antukna indit sorangan ngudag waktu.
Enjing2 sabtu biur ka jkt, ngan sorangan wae kitu oge ngudag-ngudag waktu,deui...bilih siang ka jktna, Di jkt pendak sarweng teh icho neng ani, sakedah na mah pendak sareng teh imas...mung saurna teu tiasa...hanjakal nya teh imas.....Kawitna kamari dinten sabtu teh hoyong pendak heula ka neng Pupi sareng kang Boim saatosna acara di UNPAR, tapi acara teh atosannana sonten, atuh gura-giru wangsul ka srigadis beberes sareng diudag-udag waktos tabuh 7 wengi kareta ngawitan ngegeuleuyeung.ka sby keun.....Tah kitu neng pangalaman teteh di bdg, punten nya sanes teu hoyong pendak mung teu acan diparengkeun urang patepang.....Mangga kapayun mah kedah nganggo jadwal anu pasti wios urang tiasa patepang...he he
Wassalam
Teh Tien
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

