Ngempelna mah kaci, keun kalenderna urang buleudan, susu-ganan teu aya
halangan. Mung saena mah teu kedah pakepuk meuleum peda sagala rupi, komo
pedana bari ngaheheh mah, sanes kunanaon bilih ngarepotkeun. 

Kieu we atuh Kang, dina waktosna urang ngempel, cekap urang ngopi wae,
kopina nyandak sewang-sewangan. Kaleresan abdi mah da gaduh termos nu sok
digiwing ari nguseup, bisi Kang Kandar kabitaeun mah urang bagi we saregot. 

Minangka peujit kukurubukan mah cekap urang jalan-jalan ka baranang siang,
upami teu lepat mah aya sop kambing nu echo di dinya teh, duka ayeuna masih
keneh aya atanapi henteu. Atanapi kamana sugan etang-etang wisata kadaharan.
Keun nu mayar mah da rea bujangan, hartanya kan banyak, ha..ha..ha...


Hendri
keur resep aprak-aprakan mapay-mapay kadaharan sampai parat ka jawa

-----Original Message-----
From: E_Ruska_Nugraha [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, August 04, 2004 1:03 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Kempel dibogor - Halal Bihalal


Assalamu'alikum wr.wb.

Langsung waenya, wengi teh ngobrol sareng anu gaduh
dapur dibumi perkawis bade ngempel tea kanggo ngadamel
panitia alit halal bihalal. kumaha kang hendri, kang
wawan,kang kandar,kang gunawan,teh ani, kang surya,
kang toni, teh icho,kang edi sukma, kang surya, kang
syam,kang hasan,kang taryat, kang ridwan,kang tantan
sadayana wenya nu aya dijabotabek, kanu tebih oge
mangga bilih bade sumping mah kang panji, kang cecep,
mang siddik, kang edi sutardi anu gaduh cimalati he
he....sadayana wenya............

Kumaha urang kempel we atuh dirorompok abdi kaping 21
Agustus 2004 malem minggu, mangga bilih bade nguseup
mah tiasa da aya susukan mah he he......duka laukna
mah duka ayaan duka teu aya, bilih bade diheurap wae
mangga he he.....naha jadi kadieunya........

Ieu alamat abdi :
Taman Cimanggu
Jl. Nusa Indah V Blok U/VII No. 8
Bogor
Tlp. 0251-334589
HP: 081315300665

Mangga diantosan waleranana.

Wasslama,
@ERN



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke