ASSALAAMUALAIKUM
ANU DISERAT KU KANG OMAN TEH LERES PISAN.  IEU BENCANA TEH SANES DI PAKIDULAN WAE, TAPI LIMBAH TI GUNUNG PONGKOR TEH ANU AYANA DI BOGOR, DIPICEUN KA WALUNGAN (TI PENAMBANG LIAR SARENG TI ANEKA TAMBANG).  MUDAH-MUDAHAN AYA PAMINGPIN NAGARA RIT ANU NGARTI KANA IEU MUSIBAH ULAH DUGI KA NGANCURKEUN WARGA TS DINA KAPAYUNNA.
 
WASSALAA,
ENDIH BUDAK LEMBUR

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ribut-ribut ngeunaan "pencemaran" Teluk Buyat ku alatan "logam
berat" (Hg) anu digunakeun jero proses ngamurnikeun emas ti tambang
PT. Newmont di wewengkon eta, sabenerna aya tanda-tanda hal anu
sarupa matak pikahariwangeun kajadian di Tatar Sunda (TS). Khususna,
di wewengkon anu salila ieu geus jadi lahan tambang rakyat anu
kurang katalingakeun ku Pamarentah, upamana di Sukabumi kidul.

Antara Taun 1993-1994 si kuring kungsi ngayakeun survey
leuleutikanan ka masyarakat di wewengkon Sukabumi Kidul anu di eta
patempatan teh aya tambang emas rakyat. Anu dipaluruh ka masyarakat
dinya teh ngeunaan cara-cara ngamurnikeun emas tina bijih (bijih =
campuran logam, di jerona mungkin aya emas, hasil tina ngagerus batu
anu disebut salaku "urat/endapan emas") hasil ngagulundung tina
tambang-tambang emas aranjeunna. Waleran aranjeunna matak
ngagetkeun, sabab ditilik tina kaamanan lingkungan jeung tata cara
nambang mah kalintang teu amanna.

Anu teu aman tehy eta dina lebah migunakeun logam Air raksa (Hg)
pikeun ngiket emas (Au) tina bijih. Matak ngabahayakeun boh keur
manusa atawa tutuwuhan. Hg tea kasebutna oge "logam berat" anu
karsinogenik (tiasa ngadorong lahirna kanker jero badan manusa).
Logam berat teh lamun diserep tatanen oge moal bisa hancur, nya
nyelip dina daging atawa buah tatanen, kitu deui jero badan manusa,
tetep teu larut.

Ciri anu penting tina bahaya logam berat teh nyaeta heunteu langsung
karasa harita. Upamana keuna ayeuna, karaosna teh sababaraha taun
kapayun, tapi dimana karaos, kalintang matak sangsarana. Ieu anu
ngabalukarkeun naon rupa anu karandapan ku wargi urang di Buyat
(upama enya tea mah geus kajadian).

Kukituna, kalintang peryogina sosialisasi "processing" ngamurnikeun
emas tina bijih anu aman. Utamana keur panambang rakyat anu heunteu
acan uninga. Pituduh/cara ngamurnikeun emas anu aman aya di kantor
PPTM (Tekmira, Jl. Jendaral Sudirman) atawa di buku-buku rujukan.
Bilih wargi Kusnet bade aya anu jadi tuturus dina hal ieu? mangga
urang badantenkeun bae.

Tatar Sunda seueur tambang rakyat, utamana di pakidulan. Ti ngawitan
Banten dugi ka Ciamis kidul aya tambang rakyat. Oge di sabudeureun
Pongkor anu tos kawentar.

Baktos,
manAR




--- In [EMAIL PROTECTED], Hendri Mulyana
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> -----Original Message-----
> From: M. Nadjib Nasir
> Sent: Wednesday, August 04, 2004 12:28 PM
> To: Hendri Mulyana; Krisno Dewanto; Moechammad Zainuddin
> Subject: FW: [itazama] Kali Ini, Teluk Buyat Telah Gerimis
>
>
> FYI
>
> -----Original Message-----
> From: Jalal [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Wednesday, August 04, 2004 7:12 AM
> To: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]
> Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; Katamsi Ginano
> Subject: [itazama] Kali Ini, Teluk Buyat Telah Gerimis
>
>

> ----- Original Message -----
> From: Elfa  <mailto:[EMAIL PROTECTED]> Yeni
> To: Milis Sastra Pembebasan <mailto:sastra-
[EMAIL PROTECTED]>  ;
> Milis  <mailto:[EMAIL PROTECTED]> Pasar Buku ; Milis
Komunitas
> Ilalang <mailto:[EMAIL PROTECTED]> 
> Sent: Friday, July 30, 2004 12:37 AM
> Subject: [PasarBuku] Kali Ini, Teluk Buyat Telah Gerimis
>
> "Kali Ini, Teluk Buyat Telah Gerimis"
>
> Dua lagi badan penuh benjolan tergelepar
> Meregang nasib menanti keramat
> Biar menoreh luka yang kembali tersayat
> Satu-satu tetes kegelisahan diturunkan mendung
> Mega gelap menggelembung telah terlihat
> Inikah pertanda kiamat?
>
> Ayah dan anak penat mengantar lelah
> Kepada pelaut yang terpantaikan
> Berharap semoga gerimis ini kembali cerah
> Agar luka-luka cepat mengering
>
> Namun
> Kali ini, Teluk Buyat telah gerimis
> Titik peluh menyentuh tanah yang lembab
> Merembes kedalam lubang tak berujung
> Tanpa harus tahu, apa tanda takdir telah semakin dekat
> Jiwa-jiwa tercekam dalam kebisuan
> Hanya pasrah menunggu antrian kematian
>
> Burung-burung terjerembab jatuh ke bumi
> Menyirami tanah pusaka dengan isak meratap
> Menderai sayap-sayap tanpa bulu
> Yang penuh kudis berbisul nanah
> Seekor kerapu-pun menjadi saksi
> Mati tertekan gelombang di pantai beriak darah
> Membuktikan nyali yang tak penting diteliti
> Memakan haus setiap gerimis yang jatuh ke Teluk Buyat
>
> Cepatlah berbuat wahai kerabat
> Biar tidak keburu lenyap makanan sedap
> Atau tinju kami datang melahap
> Karena gerimis ini pertanda hujan lebat
> Menyusul gerimis di Teluk Buyat
>
> Jepang, 30 July 2004



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke