Euleuh kang Oby teh langganan Hidayah oge?
Sami...
 
Ngeunaan Bawang beureum..pas kamari abdi tuang (biasa di Warteg..), sareng urang Warteg teh tos loma pisan sanaos anyar tukang wartegna eta da sok di gilir nungguan warteg teh. Maklum anu gaduh warteg teh warteg teu hiji wae, tereh beunghar tah urang Tegal mah.
 
Upami teu aya rumbah teh sok kakapiyeungan lieur teu pararuguh. Upami aya kol atah, surawung atanapi lalab anu sanes sok raos komo tengah poe ereng-erengan. Biasana mah abdi seueur tuang surawung, raos pisan, meh leungit deuih BB-na. Karunya atuh upami BB mah batur...pernah nuju lungse dongkap wengi poho ibak bruk sare, dijamin we lah anu seueur tuang surawung mah moal bau...
Sakali waktos nyobian we bawang, eta da raos amis geuning. Saatosna di beresihkeun sareng dikumbah nya belewek we emam, raos. Kamari nuang 2 siung sedeng di warteg, aduh kana awak asa dikompa sareng haneut pisan. Tapi cenah upami seueur tuang bawang bakal bau, tah sieun BB sok sakali sakali we. Dibarengan sareng surawung meh netral pangintennya. Kapungkur mah abdi mah sieun nuang bawang beureum teh.....
Dina bawang mah numutkeun panalungtikan batur, ngandung Zat Anti oksidan anu bakal nga-"netralisir" racun-racun komo bawang bodas. Tapi abdi mah can ngaraosan bawang bodas mah di tuang atah, can wani.
 
Jalak
 

bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres pisan sakumaha anu di posting ku mama MANAR,

satiap panyakit aya obatna, lamun kapanggih obat anu cocog
pikeun hiji kasakit, anu katarajang panyakit tinangtu
cageur ku widi jeung ijin Allah Azza waJalla (HR Jabir
r.a)

ieumah ngiring ngareuah-reuah perkawis pangobatan
alternatif,mangga nyanggakeun

Ismail Abdul Muthallib Al-Khatib dina buku Bawang beureum
dina Pangobatan Islam netelakeun yen bashal atawa bawang
beureum salian ti bungbu dapur bisa oge dipake pikeun
nyageurkeun kasakit saperti :

- bawang beureun dicampur uyah bisa ngaleungitkeun kutil
- zat pikeun ngalancarkeun BAK & BAB
- Mules beuteung, teu ngeunah beuteung
- Antibiotik anu leuwih alus dibanding pinisilin atawa
aeromisin
- Ngawatesanan kadar gula dina getih
- Bahan nguatkeun tanaga sek

ngubaran ngagunakeun bawang beureum sabenerna mangrupa
saran pangobatan alternatif anu datangna ti kangjeng rosul
sakumaha hadis diluhur. Asbabun nuzul (sabab-sababna turun
hadis) medal samangsa abu daud kungsi ditalek ku sahabat
ngeunaan bawang beureum jeung hasiat anu dikandung. Abu
daun ngajawab panalek eta ku hadis anu disebut diluhur

abu daud  dina karyana As-Sunan medar khasiat bawang
beureum anu loba mangpaatna pikeun nyageurkeun rupaning
panyakit.

Oby tea (dicutat tina Hidayah edisi 32)


Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke