Assalamu'alaikum wr. wb.
wilujeung tepang baraya sadaya...
cik nyungkeun papemdak ti sadaya kadang wargi Babakan
Kusnet, rehna dina dangeut ieu simkuring sajabi
buburuh janten TKI, gaduh aktifitas sareng dulur sa
bangsa dina wadah IKATAN KELUARGA MUSLIM INDONESIA
(IKMI) KOREA.
Kiwari simkuring seuja nyosialisasikeun hiji ide nu
bade di damel program, Insya Allah programna disebat
"Kencleng Ummat".
Kencleng Ummat maksadna nyaeta: simkuring saparakanca
di IKMI bakal ngahimbau ka sakum jamaah nu sok hadir
di Kajian Islami saban 2X sasasih na, oge ngahimbau ka
kumna kaum muslimin - muslimat nu aya di sabudeureun
Korea supados ngagaduhan cengcelengan anu engkena
diangge kanggo ngempelkeun artos recehan sesa balanja
atanapi ongkos kana eta kencleng.
Salajeungna eta artos recehan Insya Allah ku simkuring
saparakanca dikoordinir kangge kapenteingan dakwah di
Korea. Janteun ka kaum muslimin-muslimat simkuring
seuja ngahimbau ieu program kangge kalangsungan dakwah
di korea.
Hareupan simkuring saparakanca pami ieu ide tiasa
terus ngagilinding ibarat bola salju, hiji waktos
tiasa ngagaduhan markas (basecamp) kangge teumpat
kempel warga Islam Indonesia. Mudah-mudahan ieu
basecamp teh kapayuna tiasa dijanteunkeun masjid
/mushola, margi salami ieu masjid nu aya di Korea
ngadeug kalayan prakarsana urang Pakistan sareng
Banglades.
tah kuring mihareup program ieu bisa ngalahirkeun
kakuatan nu akhirna tiasa ngabangun mesjid. malih
leletikanna, pami markas na tos aya mudah-mudahan
tiasa gaduh Perpustakaan di Korea...
tah kitu ide simkuring teh, khusus kangge warga
Babakan Kusnet nu aya di Korea, mangga di antos pisan
pameundakna, malih pami tiasa mah sok geura urang
luluguwan ku urang sadaya, urang mimitian ti urang
ngumpulkeun duit recehan, teu kedah ageung bekwon nan
we lah dan obek won mah bilih ageung teuing....
cag....
Wassalamu'alaikum wr. wb.
Baktus simkuring
Kinkin Mirajul Muttaqien
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/