Haturan kang Yiyi, kumaha damang ?
Ningal berendelan pamairan kana ieu subject seratan kang Yiyi, tiasa dibantun kacindekan kalintang ageungna perhatosan Ki Sunda/Urang Sunda kana eta jejer seratan kang Yiyi. Sim kuring oge saleresna mah hoyong pisan ngiring mairan, nanging kapegung ku bingung lebah negeskeun mana anu langkung sae, ngigelan jaman atanapi diigelan jaman ? Naha bet langkung sae ? Tah ku kituna, panuhun kang Yiyi tiasa ngajentrekeun dupi nu dimaksad ngigelan jaman teh kumaha ? Kitu deui nu dimaksad diigelan jaman. Pamugi sing dugi ka teges nu mana "subjek" sareng nu mana "objek". Ieu mah balaka wae, kuring teu ngarti naon eusining kasauran kang Yiyi anu ieu :
"Lamun jaman geus ngigelan urang, teu perlu atuh urang cape-cape ngigelan jaman".
Carek kuring (bari bingung tea) lamun jaman ngigel, nyaeta maksudna mah ngigelan urang tea, ari urang naon gawe ? Sawangsulna lamun urang ngigel, nyaeta maksudna mah ngigelan jaman, ari si jaman tea naon gawena ? Ngendangan ? Lalajo ? Nyenggakan ? Atawa (sudan) hees kitu ?
Cing, cing, cing (punten sanes ngagentraan cacing) !
Salam,
Kang Dien
--- Yiyi Sulaeman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum
Sampurasun nun
Lamun miluan diskusi kasundaan, kuringmah sok
geregetrun. Ku naon? atuh kuring teh geregteun. heueuh, lamun diskusi teh pasti sok nyabit-nyabit sunda baheula, jaman pajajaran mah kie..kei..., jaman galuh mah kie...kei....
Lamun nu kieu digembor-gemborkeun, urang bakal jadi jelema nu loba ngalieuk ka tukang. Lamun kitu terus kade tah urang nambrak munding di hareup.
Sok atuh urang jieun format, bakal kumaha urang sunda 100 tahun ka hareup. Bisa teu urang sunda mikir ka hareup?
Lamun geus kitu, lain urang nu ngigelan jaman, tapi jaman bakal ngigelan urang.
Lamun jaman geus ngigelan urang (urang jadi subjek daripada objek) teu perlu atuh urang cape-cape ngigelan jaman (lain ngigel teh ngaluarkeun tanaga).
Ulah dilenyepan nu teu perlu..
Maaf bisi basa kuring kasar he..he..
Yiyi
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

