Pikeun jadi pinter, tangtu teu gampang. Loba faktor anu 
ngarojong anu kudu di tedunan sangkan jadi pinter salah 
sahijina kudu ngabogaan buku minangka sumber elmu 
pangaweruh, tapi nya kitu tea teu unggal jalma mibanda 
buku utamana ku alatan harega anu teu kahontal ku lolobana 
masarakat urang, kukituna jalan anu paling nguntungkeun 
nyaeta indit ka pabukon nginjeum atawa maca buku di 
pabukon

Tah ayeuna mah.....tinggal minat urang.....ngamangpaatkeun 
pabukon tempat atawa puseur elmu pangaweruh......kungsi si 
abah sas ngarahuh pedah pabukonna kurang dimangpaatkeun ku 
masarakat sabudeureunana. Naon atuh mangpaat tina buku 
jeung pabukon teh ....?

Bill gates bisa jadi jalma anu pangbeungharna salaam 
dunya, amerika bisa ngawasa dunya jeung nagara maju anu 
sejenna cenahmah teu leupas tina buku jeung pabukon

Anu rek dicaritakeun  pabukon warisan islam anu leungit 
anu teu kawilang haregana,ieu mah sugan we aya guna jeung 
mangpaat keur urang sadaya

Ngaliwatan buku jeung pabukon islam bisa medalkeun 
jenius-jenius islam, Sakumaha anu ditulis ku Roger Geraudy 
cendikiawan prancis anu ragrag bogoh kana agama islam dina 
bukuna “Panji-Panji Islam”, tina hasil 
panalungtikanana inyana netelakeun yen salila mang 
abad-abad dunya barat ukur bisa agul ku saurang jenius 
dina widang intelektual nu ngabogaan multidisiplin dina 
widang pangaweruh/elmu nya eta Leonardo Da Vinci, sedeng 
pikeun islam, mangpirang-pirang jalma jenius anu universal 
ti Al-Kindi nepi ka Ar-Rizi, ti Al Bairuni nepi ka Ibnu 
Sina jeung loba deui anu palinter anu geus ngarobah dunya 
modern.

Dina widang matematika, Al-Khawarizmi anu geus hasil 
nyampurnakeun itungan sistimatis dina ujud desimal, 
alogaritma, pelopor paling jenius dina widang ngitung, nu 
nyiptakeun elmu aljabar anu dipake tepi ka kiwari.  Ibnu 
Tsabit bin Qouroh dina mangsa abad ka salapan geus 
nyiptakeun itungan integral sarta ngahubungkeun antara 
geometri jeung aljabar. Pamanggih Al Biruni, Abdul Wafa 
perkara teori sinus-cosinus oge nyiptakeun secante sakitu 
abad saacana Copernicus.

Dina widang astronomi, jenius dunya barat ngan ngaran 
Plotomeus, padahal super jenius dunya islam nya eta Al 
Battani geus mampuh ngitung enklinasi ekliptik nepi ka 23 
darajat 35 detik

Dina widang karya jurnalistik anu nyutat hasil 
pangumbaraanana, dunya barat ukur boga Marcopolo, padahal 
tilu abad saacana Marcopolo badarat di cina, padagang arab 
anu ngarana Sulaiman kungsi badarat di kanton terus 
disusul ku Ibnu Batutah. Dina elmu kalautan, islam 
ngabogaan Ibnu Majid anu nulis buku Prinsip-prinsip 
pelayaran jeung aturanana, katelah Singa Prahara lantaran 
geus hasil jadi panuduh jalan armada portugis anu dipimpin 
ku Vasco Da Gama anu balayar ti Melende di basisir Afrika 
ka Calcuta dina mangsa 1498, Vasco Da Gama ngaku yen 
elmuna Majid mangrupa asset anu teu kawilang hargana 
pikeun elmu kalautan khususna pikeun widang oceanografi.

Dina dunya kadokteran, dunya barat kacida nihilna lantaran 
mangsa harita kakuasaan gareja geus ngahalangan tumuwuhna 
elmu kadokteran, dina mangsa 1215, konsili Lantran, Paus 
Innocent II marentahkeun ka para tabib teu meunang 
ngobatan jalma anu gering lantaran anu gering teh ceuk 
gareja eta teh jelema gede dosa (pendosa gede), kulantaran 
eta fakultas kadokteran di paris mangsa harita ngan boga 
hiji naskah ringkesan elmu anu neplak tina yasana Ar-Rizi 
jeung Ibnu Sina, pikeun mulang rasa kahutanganana, di 
hareup Amphi Theatre di jalan Saint Peres, universitas 
Sorbone Paris, di adegkeun patung  minangka ngahormat 
jeung kahutangan ka Ar-Rizi jeung Ibnu Sina.

tina cutatan sajarah islam kungsi mibanda pabukon badag 
dina mangsana sala sahiji diantarana nyaeta pabukon 
khalifah dinasti fatimiyah di kairo, darulhikmah di kairo 
anu diadegkeun ku al-hakim biamrillah, di bagdad dina 
mangsana al-ma’mun, pabukon al-hakam di andalus lian 
ti pabukon anu sifatna umum aya oge pabukon pribadi 
saperti pabukon al-fath bin khaqan (ditelasan taun 247 H), 
pabukon ibnu khasyab (wafat taun 567 H),  pabukon 
jamaludin al-qifthi (wafat taun 646 H), pabukon bani 
jaradah al;-ulama di haleb (wafat taun 548 H) jeung 
pabukon muwaffaq bin muthran dimasyqi (wafat taun 587 H)

pabukon-pabukon eta ancur ku peperangan, pabukon di bagdad 
ancur lantaran serangan tartar,perang salib oge geus 
numpurkeun pabukon pabukon nu aya di tripoli,maarah, 
al-qurds, ghazzah, asqalan jrrd. Kitu deui ngajajahna 
spanyol ka andulisia , patelakna antara sunni jeung syiah 
dina poean asyura di haleb,jeung nyerbuna barbar ka 
cordoba geus ngancurkeun pabukon-pabukon islam


Oby tea ( diropea tina sanes kanten cutatan sareng majalah 
hidayah edisi 31 )

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat 
akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : 
TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke