Haturan Ua, Soal afi mah ceuk abdi mah keun wae sakdutna-sakadutna, pirage ngadu sora, moal nepika mangaruhan nagara sugan, he..he...rek resep baeu, rek cua nya mangga. ah eta ge ceuk uing, duka ketanga ri ceuk batur mah, da rumasa teu kungsi diajar maca hate batur...
asa teu acan nganuhunkeun ka Ua, wireh tos dikintun sarupaning beluk, pupuh dlsb. emh basa tadi disetel mani ngalimba, emut ka Pa Nanin guru smp baheula. anjeuna nu ngenalkeun abdi ka sarupaning seni sunda teh. aya dimana anjeuna ayeuna. moal kitu tos pupus mah ?. da kapungkur ge yuswana tos genep puluh langkung. emh mugia anjeuna sing ditangtayungan ku Alloh, boh dina ayana atanapi tos pupusna, amin. Nuhun Ua, tos diemutkeun ka jaman baheula, basa abdi masih keneh jadi jelema...ayeuna mah duka rorongkong duka oray kadut.... eling-eling mangka eling rumingkang di bumi alam darma wawayangan bae raga taya pangawasa lamun kasasar nya lampah nafsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan..... (asmarandana dina laras salendro) -----Original Message----- From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, August 09, 2004 8:32 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: RE: [Urang Sunda] Dukung Neng Gita yu... --> 'pangeretan' Mimitina mah kabawakeun budak, ti mimiti AFI1,2,3, waktu AFI2 aya urut murid SDN Pelita nyaeta Rindu, da waktu mimiti rek indit dikarantina teh masamoan heula ka SD Pelita nu intina menta dukungan ti barudak, kaasup pun anak, nu meh unggal poe ngirim SMS. Lantaran lalajo TV teh kolot mah kudu ngelehan, nya jadi sering lalajo AFI. bari lalajo teh mindeng nanya...aya nu ti Bandung teu..?, mana nu ti Bandung teh..? sok rada ditengetan sorana...ah ieu mah enyaan pituin US, atawa lain eta mah...!! Lamun alus nyanyina sok kabawa reueus...alus tah...!,...tapi mun butut....beu....!! Dina AFI nu ayeuna asana mah AFI3 aya nu ti Bandung teh ngan saurang,...ngarana TARI,...kungsi maca inyana teh putuna Mang Ujo Ngalagena sang maestro angklung, kuduna mah Tari alus nyanyina da teureuh seniman tea.....ngan waktu basa kamari lalajo...naha sorana siga nu ngirung..sora irung...hanjakal...! Kitu deui ka neng Gita.....enya kuring kungsi sakali nga-SMS.....basa aya nu ti Bandung tijalikeuh basa keur latihan...ampir poho deui...geus lila...! Naon atuh untungna keur kuring nepi ka kudu nga-SMS jeung budak dibere kabebasan nga-SMS, pira ge ngadukung nu kitu..teuing atuh da tara diilo untung rugina, nu puguh mah aya rasa emosional pedah sarua US...nu puguh nu untung teh inyana. Idealna dina ngadukung teh lain pedah alesan emosional, kuduna mah alesan ku prestasina alus, da lamun prsetasi alus mah tangtu pada milih...ngan teuing atuh kuring teh sok tikusruk kana ...."pokona mah uing ngadukung US lah...!!", naha pedah kuring geus kolot kitu keuna ku panyakit autis/kacamata kuda/myopia/kurung batokeun...? ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

