Pangweruh atawa fakta ngeunaan alam biasana jadi hiji jejer anu narik loba nu nalungtik ngeunaan Al-Qur'an (al-Islam). Kahayang sarera sigana, elmu teh sapagodos jeung hadist. Atawa tiap hadist, kumaha bae unina, kabuktian dina elmu pangaweruh di alam nyata. Pipikiran sarupa kitu heunteu salah samasa kali, tapi heunteu bisa dijadikeun andelan. Malah lamun diandelkeun teuing mah bisa salah paradigma tea kaasupna. Alesanna, aya sababaraha hal.
Kahiji, ku sabab ari eusining Al-Qur'an anu sajatina mah ukur Pangeran anu uninga, jadi bebenanna teh mutlak. Manusa nyaketan kana eta bebeneran ngalangkungan nu nyandak sareng penafsir utamana, nyatana Rosululloh saw ku anjeun. Urang terang kana eusi/maksud Al- Qur'an ngalangkungan sahabatm sahabatna sahabat, sahabatna sahabatna sahabat, jst dugi ka anu ngadugikeun pangkahirna ka urang. Kaduana, ku sabab proses hadist anu katarima ku urang saperti di luhur, katambah dina lebet prosesna eta aya sababaraha hal anu tiasa ngajadikeun hadist anu tepi ka urang teh heunteu shohih. Jadi ninggang dina hadist anu teu shoheh, komo bari fakta elmu pangaweruhna karek kira-kira, kana tangtu baris pasaliana. Bahayana, engke agamana anu disalahkeun. Katiluna, ku sabab bebeneran elmu pangaweruh mah teu acan anggeus (final). Geus biasa dina elmu mah, bebeneran anu ti heula salah ku sabab aya fakta anyar anu karek kanyahoan ayeuna-ayeuna ieu. Fakta anyar anu nampik kana kasimpulan tina fakta heula. Kusabab kitu, kacida memngparna upama bebeneran Al-Qur'an (atawa hadist shoheh) di ukur ku bebeneran elmu pangaweruh anu heunteu final atawa anu bisa robah. Baheula, enya keur resef nafsirkeun Al-Qur'an bil ilmi, si kuring pohara resepna jeung nganti-ngantina kana warta sarupa "panon poe medal ti kulon", atawa "kalimat-kalimat AL-Qur'an jero gen manusa", jsb. Ayeuna mah teu pati teuing, malah sakapeung rada ngaragukeun (skeptis), sabab nyakitu, bebeneran elmu mah tara lila. Tafsir Al-Qur'an "bil ilmi" kungsi mahabu, lain bae jaman baheula (Tafsir Jalalen), tapi anyar-anyar ieu, keur waktu usum rumaja masjid anu dimotoran umumna ku mahasiswa. Ngan nyakitu, dina tafsir bil ilmi teh sagala rupa (elmu) aya tepi ka tafsir (Al-Qur'an)-na sorangan anu sakuduna pisan aya kapopohokeun. Sagala rupa ayat Al- Qur'an diteangan papadanan jeung panyaluyuanna dina elmu, atuh bleg bae dimensi pangpentingna tina Islam (AL-Qur'an) oge jadi elmu (intelektual). Padahal, heunteu kitu ceuk anu geus nalungtik sakabeh ayat-ayat Al-Qur'an oge. Upama nitenan Al-Qur'an, 90% ayat-ayat Al-Qur'an teh madungdengkeun urusan sosial. Ti mimiti anu disebut ngabohongkeun agama tepi ka cara natamu. Tapi, anehna anu mindeng narik masyarat umum mah geuningan lain anu sosialna, tapi anu intelektual atawa paling jauh dimensi mistikalna. Ku naon nya? Baktos, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > punten teu disundakeun, kenging ti rerencangan > > ada yang bisa dipetik hikmahnya, hanya saja ternyata email di bawah ini adalah HOAX. Sebagaimana email yang dulu pernah beredar yang mengisahkan seorang ilmuwan di Amerika yang menemukan tulisan arab surat Al-Fatihah pada struktur sel (DNA), ternyata setelah ditelusuri kisah itu tidak benar. > Menanggapi tentang Retrograde Motion, itu adalah gejala alam yang sudah biasa di dunia astronomi yang akan dialami oleh setiap planet di tata surya. Apakah matahari terbit dari barat di bumi sebagaimana dikisahkan dalam Al-Hadits adalah disebabkan oleh gejala Retrograde Motion? Wallaualam, pendapat saya mungkin tidak, karena Retrograde Motion itu ternyata hanyalah pergerakan semu antar planet yang tidak mengubah arah rotasi terhadap matahari. Silakan saja baca di websitenya NASA atau datang ke perpustakaan Astronomi. Coba juga lihat simulasi retrograde motion di web berikut: > http://www.astro.uiuc.edu/projects/data/Retrograde/ > > > -----Original Message----- > From: qsa [mailto:[EMAIL PROTECTED] > Sent: Tuesday, August 10, 2004 12:22 PM > To: [EMAIL PROTECTED] > Subject: [Urang Sunda] Matahari terbit dari barat > > > Hapunten kasadayana ngiring nimbrung sakedap, ieu simkuring nampi kiriman ti > tatangga sabeulah, manawi kanggo renungan urang sadayana. > > > > > > > > Subhanallah, Allahu Akbar > > FYI....It's a sign of an early warning... > > > > Dear all, > > Mungkin ini bagus juga nih buat bahan renungan kita. salam, > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

