Deni Suwarja vs Ibu guru Biologi abdi(ibu Ruchimah Ahmad)
 
Ayeuna katingali kumaha metode diajar di alam, ieu dibuktikeun ku kang Deni Suwarja. Diajar di alam nambahan seukeut "Intuisi" urang kanggo nitenan alam leuwih deukeut, leuwih jero. Ieu mere energi ka urang, mere "panca indera ka genep" sarta leuwih mawas jeung cinta ka alam.
Emut basa sakola, ieu ge praktekeun ku guru Biologi abdi, Ibu Ruchimah Ahmad (urang Cimahi, kumaha damang bu? Masih keneh emut abdi mah kana lagu "Kemesraan" anu dihaleuangkeun bareng-bareng waktos ibu milangkala pleus ibu teh Wali kelas abdi deuih).
Barudaks sina kaluar, teras dipasihan sakotak-sakotak taneuh pakarangan anu eusina jukut anu ngajejembrung. Kira-kira 5 x 5 m dibagi tiap kelompok. Pek cenah naon wae anu aya di dinya! dituliskeun kabeh jukut naon kembangna kumaha, bentuk daun jrr.....dugi ka lieur sabab dipoe tengah poe ereng-erengan. Tambah lieur teu nyaho naon ngaran jukutna??
Ngan anu masih inget teh pesenna kieu, Ibu mah hayang maneh hiji weh anu bisa siga kawas Dosen Ibu, anu bisa ngapalkeun Bahasa Latinna tiap tutuwuhan jeung mahkluk hirup atawa tegesna mah Kamus hirup Bahasa Latin diwidang biologi. Etah da te apal-apal sakitu ngapalkeun tepikeun ka lieur jeung baluweng. Ngan hiji anu apal teh Oriza sative we da sok didahar unggal poe jeung Cannis familaris weh pedah barudaks mah sok hahaok kieu geura "Anjing maneh" ih kasar teuing.....diganti ku "Canis familaris maneh" pan teu kasar teuing....nu lain mah barudak IPS bati bengong we.....teu ngarti.
 
cag ah!
Jalak
 


mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
upami teu lepat asana eta program teh terasanana
program 'riset aksi' (action research), program
kemitraan antara pihak praktisi atikan (kalebet pt)
sareng pihak guru-guru di lapangan. janten konsepna
dikokolakeun sasarengan antara praktisi sareng para
guru, prakprakanana dikokolakeun ku para guru di
lapangan. Mudah-mudahan eta program teh tiasa mayeng
kanggo ngaronjatkeun program atikan di urang.

salam,


Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke