Wilujeng siang,

Hapunten baraya bilih bosen he he.....ieu nambihan
informasi bilih teu acan aya nu terang waktos engke
kempel dibogor, mudah-mudahan ke dina waktosna urang
tiasa kempel :
Tempat : Komplek Taman Cimanggu
         Jl. Nusa Indah V Blok U/VII No. 8
         Bogor
Tlp.   : 0251-334589 / 081315300665
Kaping : 21 Agustus 2004 Tabuh 6 Sonten Dugi  ka
rengse (malem minggu)

Punten ieu waktosna wengi teh kumargi seueur baraya
dina dinten saptuna aya nulebet damel.

Upami anu nganggo angkutan ti terminal tiasa 2
alternatif :
*  Tiasa nganggo angkot 03 (Baranangsiang-bubulak)
teras turun di Taman Topi, teras nyebrang aya angkot
no. 12 saurkeun ka taman cimanggu, kumargi no. 12 teh
aya katilu komplek kalebet taman cimanggu.
* Ti terminal baranangsiang tiasa nganggo beus alit
anu jurusan ka parung sebatkeun we turun di taman
cimanggu, ke aya pangkalan ojeg, kantun naek ojeg
tidinya.

Teras bilih anu tibandung bade aya nusumping teras teu
nyandak kedaraan, salian tiasa naek beus ti
leuwipanjang-bandung tiasa oge naek travel. Abdi
biasana upami nganggo travel sok nganggo MASTER/DEWA
Travel, kantorna aya dijalan Ahmad Yani caket cicaheum
ieu aya no tlp. bdg (022-7200679,7214363) , raos
nganggo travel mah teu cape dijemput sareng didugikeun
ka payuneun bumi mung rada awis 10 rebu upami
dibandikeun sareng naek beus AC.

sakitu we heula
@ERN

=====
-----------------------------
http://www.urang-sunda.or.id
-----------------------------


                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke