Kang Denny,
Mungguhing jalmi, sok sanaos disarebut goreng ku batur(na), sayaktosna moal sagemblengna goreng, margi pasti dina dirina aya alusna, malah teu pamohalan nu alusna eta teh langkung seueur tibatan nu gorengna. Anapon jalmi anu diserebut alus ku batur(na), sayaktosna can tangtu alus sapuratina, malah boa alusna teh teu pira pisan mun dibandingkeun sareng gorengna.
Dupi anu janten margi, tai reungit dina ceuli, lamun ceulina ceuli batur, pinasti katingali. Sawangsulna, gajah depa dina tarang (heueuh lamun tarangna meujeuh keur depa gajah), lamun tarangna tarang sorangan, ceuk cenah moal katara ! (harap maklum da eta mah paribasa !).
Cidekna mah, pangajen jalma ka sasamana, mun ngan sakadar dumasar kana perkara anu katara lantaran nembrak, istilah ajen �kalangkang�, aya tapi euweuh (da teu karampa), euweuh tapi aya (da ngaringkang) . Atuh yakin moal tiasa dijantenkeun patokan. �Low profil, hight profit� eta saur si AA dina basa Inggris. Upami kang Dien rek nyarita anu samaksud tapi nganggo basa Sunda, cekeng mah kieu : �Giri lungsi tanpa hingan�. Tegesna, ngajen jalma teh ulah ngan saukur dumasar kana cangkangna, tapi teuleuman tug dumugi ka jerona. Ngan hanjakal, nu ngamalkeun elmu Sunda model kitu teh behna mah geuning bet bangsa deungeun. Carek batur : ngajen teh cenah kudu make �instrument� anu �valid� jeung �reliabel�. Nya modonghol sarupaning rurumusan anu ngajurung gumelarna kaparigelan anyar samodel program Excel, program SPSS, sareng rupa-rupa program naon boa.
Kang Dien teu (acan) gaduh �instrumen� kanggo ngajen urang Banjaran (da bongan teu aya nu ngamodalan, samodel modal kampanye legeglasun atanapi kampanye pilperes), tapi kang Dien gaduh cecekelan mangrupa kekecapan anu bisa digunakeun geusan �motret� urang Banjaran.
Mangga, ku kang Dien dibejer beaskeun, tapi taekan heula �tanjakan� kang Dien, nyaeta :
1. Pangnerangkeun, naon hartosna kecap-kecap di handap ieu anu aya patalina sareng jalma :
a. sipat
b. watek
c. adat
2.
a. sipat � watek
b. sipat � adat
c. watek - adat
3. Dupi sipat, watek, sareng adat jalma anu disebatan di luhur teh tiasa robih atanapi henteu ? Naon margina ?
Ulah lepat hartos, ieu kang Dien sanes nguji, tapi ngan sakadar �ngajak ulin� dina raraga SILAS anu perlu ditanjeurkeun, nyaeta SILih ASah (sangkan jadi pada-pada seukeut), SILih ASuh (sangkan pada-pada salamet), SILih ASih (geusan nanjeurkeun hakekat kamanusaan).
Sakitu kang Denny, diantos pisan hojahna.
Salam,
Kang Dien
Denie Suganteng <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Beu, eta akang na meni dugi ka kitu kang, ka simkuring meni ngareken budak harak, tapi keun wios atuh namina oge budak teu harak ayeuna mah bade iraha deui (meungpeung anom) sanes kitu kang, sareng na kumaha kitu ari sisifatan urang Banjaran teh Kang....? hoyong uninga yeuh simkuring, naon bentena atuh sareng Bojong Kunci, Seke Awi, Ranca Engang, Ranca Tungku, Taraju sareng sabuduereunana...cik cik hoyong uninga.......yeuh Incu Dalang Cucu Hadisuwanda
Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Ha ha haaaaaaaaaaaaaaah hah hah hah !
Kang Siddik, nitip eta budak harak ....... kadupakna teu sabaraha, nyegagna mokaha ! Kitu tah saleresna mah urang Banjaran teh.
Tapi ketang sim kuring mah kapan bageur ............
Geuning lampar si kasep teh nya. Hanjakal teu pupulih heula ka urang Bojongkunci, padahal opak-opak wae mah aya !
Nuhun kasep, sing junun !
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

