Hiji murid nu kawentar bangor di kelas fisika nanya ka guruna
Murid: Pak, sim kuring gaduh patarosan
Guru, Naon?
Murid, Hiji lilin nu hurung ditutup gelas, lilin eta pareum. Nu kitu teh nunjukeun naon?"
Guru,Teu aya hawa dina geulas
Murud, Salah, Pa.
Guru, Naon atuh?
Murid, Ngabuktikeun yen urang kirang padamelan
DIBUNGKUS
Di toko bahan bangunan
Asep : Cik punten meser paku sakilo
Pelayan: dibungkus?
Asep: Henteu, bade dituang di dieu (ceuk Asep keuheul)
Pelayan: &^%*#$
Mabok di Tengah Jalan
Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pemuda nu keur mabok di tengah jalan.
"Dasar tolol! Mun mabok ulah di jalan atuh....!" ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
"Maneh nu tolol mah,"bales nu mabok. "Sakitu ngebut, nabrak teu keuna...."
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

