Tadi peuting, ngalamun kaditu kadieu,...ras inget baheula keur bocokok,....ras inget basa kuring mimitian pindah sakola ka jakarta taun akhir taun 89....harita saminggu basa rek miang ka jakarta, asa bungangang....bungah rek nempo jakarta..:P......babaturan mani asa harookeun......
 
Deudeuh wee , munuk piit tilu  piaraan kuring, teu aya nungurus, nyaho2 soteh saur emak sataun kahareup,..paeh manuk teh cenah teu aya anu ngurus....padahalmah, eta manuk ti oorok, enya ti kakara megar tepi ka bulu harupat di piara ku kuring, meunang ngala tina sayangna dina tangkal cengkel..., enya cengkeh tatangga bari kitu oge di carekan kunuboga tangkal teh..da puguh cengkeh keur kembangan.
 
Titalaga miang teh jeung bapak, naek Setianegara beussna teh, inget wee da eta beus lumpatna mani asa hibeur, jalur cirebon..duka tah masih aya teu nya eta beus teh?
 
Datang ka jakarta ka karet tengsin, ari eureun tina beus teh di slipi... naek taksi ka karet tengsin, ka Ua.
Sorena diajak jalan2 ku anak ua teh, keliling2 ka monas, ka bendungan hilir..., masih jeung bapak.
 
Kabeneran kuring jeung bapak di loteng sare teh,...jam 5 isuk, bapak tos mandi, brungkas brengkes......
pok teh " bapak rek kamana?".....
"Bapak rek uih heula nya....Nia di dieu sareng ua, sakola kana bener...."
"bapak, uing mah embung ah..rek ngilu deui wee kalembur..."
"eh Nia mah kumaha? cenah daek ngiring ka ua, sakola di dieu, engke ku bapak di papagkeun mun pere...
....
.........
Ahirna, sanggeus gunem catur.....miang we bapak teh balik ka Lembur. Sapoe eta kuring teu daek turun, cicing wee diluhur...ceurik hayang balik.
 
Tos ah, jadi ngaco wee ieu teh...
 
Nia
nu keur nineung...
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke