teu aya batur,
kuring sorangan, ngan...
di baturan ku sora cakcak, sora tokeeeeeeee
sora cai nyerelek, naha aya angin ngagelebug...
Ih, jadi muringkak....naha bet keukeung,
Pedah tadi berang di pagawean, nulungan batur gawe anu kapiuhan....
Bet gugupay kakuring, bet nyieuhkeun ka kuring, naha kunaon eta anu kapiuhan....
Teu ngarti..? ieu mah lain fisik anu gering, tapi gering jiwa, gering lelembutan nana...
Di tempat kuring gawe, keur gujrud nepi ka sababaraha koran, ngabaritakeun unggal poe
Pedahna mah alatan teu aya kata sepakat, teu aya titik temu antawis komite jeung sakola anu antukna anu teu nyaho, jadi nyaho, alatan berita koran anu ngahaja nga gogoreng., ngaduk-ngaduk, kaciri tina pemberitaan ngajeblag ngaran sakola kuring, tapi ari di baca ngan 5 baris, padahal ti eta berita aya kana puluhan baris, tah kitu pagawean wartawan, neangan obyek anu laku.
Loba anu asup ka sakola rek klarifikasi ti sabababaraha wartawan , bawasko, nepi ka wartawan TV stasion TVRI oge nyorot sakola, nepi ka kuring kasorot , lumayan nampang di TV, Tapi nepi kaayeuna lain eureun berita teh ,. kalah ka lapor eta komite Ka Anggota DPRD komisi E, teuing naon kahayangna. eta komite..?
Lamun dipikir-pikir anu namina titik temu, kata sepakat, damai jeng sajabana diperlukan pisan keur urang hirup kumbuh dialam dunya, merekeudeuwung , asa bener ceuk sorangan, asa pangaingna, asa pangpinterna duanana moal alus hasilna, anu aya mah jadi korban sarerea, nama baik person jadi goreng, nama sakola goreng., kabeh goreng.
Alatan suwung, kuring ngajejentul sorangan euweuh anu ngabaturan di ieu lembur, antukna nulis sakatulis-tulisna, punten pala wargi, ngan minuhan mailbox wae, tapi kuring oge peryogi bongbolong ti palawargi, kudu kumaha mun aya berita-berita di koran anu teu bener, 100 % teu leres, di buat2 , naha kedah klarifikasi ti intitusi sakola atanapi antepkeun wae,,..atanapi kumaha..?
Cag,,,,ah, nuhun,
teh tien
( nuju bararingung )
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

