Karesep jaman keur budak taya deui lian ti lalajo penca silat. Da lamun kadenge sora tepak kendang, ngeungkeunna sora goong, atawa teretetna sora tarompet sok tuluy curinghak. Becir muru arahna eta sora, teu nolih nanaon deui.
Babaturan nu sapangaresep teh ngan saurang, sebut wae ngarana teh si Ibro. Ngan si eta mah lain resep ningali huthetna nu keur penca, tapi resep kana pupulur nu disuguhkeun ka tukang kendang, tukang tarompet, atawa tukang goong. Pareng nu lian keur ceuleumeut lalajo nu keur ngibing hareupeun panggung, si eta mah ngabalicet ka tukangeun panggung. Heg nyieun panyapit tina bebekan awi. Sakur pupulur nu disuguhkeun ka tukang tarompet, tukang kendang, jeung tukang goong heg dicapitan hiji-hiji. Wajit, nagasari,jste teu ngari hiji-hiji acan, kabeh asup kana saku baju si Ibro Hiji mangsa manehna ngajakan kuring lalajo penca silat di kampung tatangga. Abong geus jadi pacabakan, di ieu tempat oge panyakit nyapitna teh mucunghul deui, malah leuwih parna. Si wewelek teh lian ti maling pupulur der nyieun kamonesan anyar. Sadayana tangtos terang, waktos tarompet ditiup teh lami-lami aya nu ngeclak tina tungtungna, naon deui atuh lamun lian ti (punten) cai tina baham nu niupna. Tah ku si Ibro nu ngeclak teh ditandean ku....cangkir cikopi jang tukang tarompet tea. Teu wudu rada loba tah hasil nyadap si Ibro teh, da cangkir cikopi nu tinggal tilu parapatna teh jadi pinuh deui. Tuluy eta cangkir teh ditukeur tempat jeung cangkir tukang kendang. Emh Gusti, da eta mah pareng parat lagu kembang beureum sadayana ngaleueut cikopi tea. Kuring ampir-ampir ongkek, mireungeuh tukang kendang bangun nu ni'mat eueut cikopi tea. Da eta mah tukang kendang bangun teu kerel-kerel, beres eueut teh katingali tambah sumanget nepakna, kawas atlet nu tas dopping wae. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

