Neng Pupuj,
Duka nya... rupinamah kumargi di dieu mah henteu sayogi tambang "dadung" bade digentos ku benang paragi ngaput wae...
Rupina sesah di dieumah ngayakeun acara "panjat pinang" teh, margi kedah nga-impor tangkal jambena ti Indonesia, henteu kabayang.. kumaha ngalebetkeunana kana kapal, piraku ditumpangkeun dina tonggong kapalmah.. asa pamohalan.  Janten rupina acara ieu oge bade dimodifikasi sakedik, janten acara panjat tangga, kaleresan di KBRI aya 5 lantai...  tah.. hadiahna teh saurna teh voucher kanggo diliron sareng "kurupuk sa-blek'" namung dilironkeunanana kedah di Bandung.
 
Bah Siddik, cobi bantuan... aya acara naon wae kanggo ngareuah-reuah pangemut-ngemut dinten kamerdekaan di KBRI teh ?
 
Pupuj Hendrawati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Akang Teu sono naek kana tangkal jambe anu aya
sapeda sareng kurupuk???
 
DI KBRI Seoul aya tarik tambang??
 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke