Kang Hasan, Kang ManAR,
Saparantosna silih taros �kumaha damang ?�, jisim kuring neneda ka Anu Maha Kawasa, mugia kabagjaan sinarengan rahmat sarta barokah-Na salamina ngocor pikeun aranjeun. Amin.
Aya katineung (kesan) dina hate, boa enya sunda teh sandi. Ari sandi teh kapan simbul, ari simbul teh nyaeta kapan siloka tea minangka rambu-rambu (pituduh) pikeun sakumna jalma pigeusaneun kumalendang di alam dunya. Tegesna, elmuning kamanusaan mah sapuratina aya di urang Sunda. Namung nyakitu, eta elmu teh disimpenna henteu mangrupi kitab, nanging nyarelap dina budi-basa sareng ucap-lampah-paripolah Urang Sunda. Kantun naros ka diri urang sorangan,
Upami �ningalan� parapaos, tangtos kapendak, di antawisna aya anu unina : �elmu ajug�. Dumasar ka dinya, tiasa janten gumebyarna elmuning kamanusan banda Ki Sunda teh, maunatna ngan pikeun bangsa batur, Ki Sundana sorangan teu engeuheun yen eta teh lain ngan ukur pakeeun batur, nanging nu saestuna utamana mah petakeuneun diri sorangan. Dupi ayeuna kumaha ? Bawiraos ti awit ajug ngawitan sirna jalaran digentos ku �lampu tempel�, kedahna elmu ajug teh parantos sirna sakumaha sirnana �lampu ajug�. Kantenan saparantosna aya lampu petromax.
Ayeuna, sok sanaos teu acan 100 % Ki Sunda dicaangan ku �lampu listrik�, robihna �teuteupan� ngeunaan perkawis eta teh tos kedah 180 darajat. Tegesna janten teuteupan anu nandeskeun : �Ke heula batur, elmu urang utamina anggoeun urang sorangan�.
Guaran kang Hasan sareng kang ManAR perkawis greeting speech �kamaha damang� (anu mana jaman kapungkur mah mana teuing aya nu ngaguar), pikeun sim kuring ngarupikeun pituduh yen ELMUNING KI SUNDA BIHARI JADI BANDA KI SUNDA KIWARI
Ku kituna, mangga atuh ka sadayana, sajabi ti ngimeutan guaran-guaran Kang Hasan sareng kang manAR (anu parantos sareng anu baris midang), mangga urang sami-sami ngiring midang geusan midangkeun naon rupi nu parantos kapaluruh. Urang rempug ku salembur ! Prung !
Salam,
Kang Dien
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

