Naha bener urang geus mardika ? terus naon anu disebut mardika teh ? atawa naha lamun teu ngareuah-reuah dina milangkala kamerdikaan dianggap teu nasionalis ? jeung rea-rea deui pertanyaan sarupa anu muncul lamun geus asup bulan agustus unggal taunna.
Jawabanna :
1. Naha bener urang gerus merdika ? Merdika tina penjajahan fisik atawa kolonialisme memang enggeus, ayeuna geus 59 taun bebas merdika, hartina geus bisa nangtukeun hirup sorangan teu gumantung ka nagara penjajah. Tapi merdika anu saenyana mah asana masih jauh keneh, sabab kanyataan nunjukkeun urang masih keneh aya dina kakawasaan bangsa deungeun, jadi dina hal ieu ngandung harti can merdika. Terus keur rakyat, loba diantara dulur urang anu can bisa ngarakeun nikmat kamerdikaan, anu cenah geus 59 taun. Masih loba dulur urang anu teu bisa hirup tengtrem da dijajah ku bangsa sorangan, manehna tetap aya dina tapak suku anu boga kawasa. Dina widang pendidikan, kabebabasan warga naggara keur ngasaan atikan anu layak masih keneh can rata, hal ieu bisa diilikan dina waragad sakola anu cenah berkualitas ti poe ka poe beuki teu kahontal ku kalobaan masarakat, naha eta anu diesbut geus merdika ?
2. Ngeunaan nasionalisme sabenerna teu bisa ukur ditempokeun dina kaaktipan ngareuah-reuah milangkala wungkul, sabab anu paling penting nyaeta ngamalkeun dina kahirupan sapopoe. Kuring kadang sok hayang seuri lamun nempo kalakuan anu aya di tengah-tengah masarakat urang. Loba diantara dulur-dulur urang anu ngartikeun kecap nasionalis ukur ku gede leutikna nyumbang keur acara kariaan milangkala kamerdikaan. Dina hiji obrolan sababaraha waktu ka tukang jeung supir angkot ti ledeng ka kebon kalapa, manehna ngomong kieu "lamun geus asup bulan agustus panghasilan anu dibawa ka imah pasti ngurangan", naha kunaon ? tanya kuring. "loba teuing nu baramaen di jalan jeung kabeh keur sukan-sukan ngarayakeun milangkala kamerdikaan", jawabna. "Nya tong dibere atuh ari matak kahuruan di imah da meureun teu maksa", tembal kuring. "Boro-boro teu maksa, menta maksa terus lamun jujualan dedet bari hargana alah-alah ti tukang asong, alesananana keur nembongkeun yen urang teh boga jiwa nasionalis peuepeuriheun urang manggul pakarang ngalawan walanda henteu". Ngadenge kitu kuring saukur seuri mesem. Teu pati lila di hiji parapatan (moal dibejakeun) datang pamuda tiluan bari mamawa dus kosong jeung kacirina keur mabok mentaan ka tiap penumpang "sumbangan keur agustusan" ku cara maksa, anu teu mere dipaksa bari jeung disebut teu nasionalis jrrd make basa garihal.
 
Malem 17 Agustus 2004
>>>Iwan<<<
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke