Bieu aya nu datang ka pangulinan, barudak Unpad nu keur KKN tea di Desa 
Marga Asih Kec. Cicalengka. Minggu kamari maranehna ngasongkeun proposal 
perkara buku-buku pelajaran jang SD Cantel jeung SD Garogol di Desa 
Margaasih, Kecamatan Cicalengka. Dua SD eta teh, cenah dihijikeun, da 
wangunan SD Cantel rusak. Lebahna Margaasih teh cenah, ti pintu kareta 
Nagrek naek ojeg.

Kamari, 17 Agustus 2004, lah-lahan ka Palasari rek meuli buku-buku 
pelajaran jang SD eta. kebeneran aya kios buku nu muka. nya meuli. buku 
pelajaran ti kelas 1 nepi ka kelas 6. sadayana mata pelajaran nu inget. 7 
asana mah. kaasup palajaran basa Sunda.

Cenah mah karek aya bantuan buku teh ti YP KUSnet. nya disina mikeun 
proposal ka penerbit di Bandung nu kuring apal, kayaning MIzan, Rosda 
Karya, Kiblat Buku Utama jeung sajabana.

bieu buku palajaran SD teh, sakardus,  dibikeun sina dianteurkeun ka SD di 
Margaasih. Maranehna oge cenah milu ngajar, da guruna kurang. buku 
ditambahan ku majalah Mangle, kumpulan carita pondok Dian Hendrayana jeung 
buku carpon ti PPSS. Buku 4S terbitan YP KUsnet oge diselapkeun lima. ka 
barudak eta si kuringpesen menta surat tanda terima ka Kepsek Cantel atawa 
Garogol.


sakitu heula



geocities.com/mangjamal 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke