|
AHENG EUY!!! -----Original Message----- Punten.. ngiring mairan... Perkawis papasangan (jodo), eta kalebet salah sawios
di antawis tilu rahasia Gusti Alloh kanggo manusa, anu sanesna nyaeta kalahiran
sareng maot. Kumargi watekna "rasiah" tangtos henteu aya jalmi
anu tiasa mastikeun, si anu jodona ka anu... sareng tangtos parantos aya
papastenna, si anu jodona sareng si anu.. atanapi.. si anu diparengkeun henteu
ngajodo... Anu penting kanggo urang, pangpangna umat Islam: 1. Ngaguduhan niat kanggo rumah tangga, nya
ngajodo tea, tapi niatna omat ulah lepat.. niat anu poko/utamana pisanmah
nyaeta kanggo ibadah, kenging pisan ditambihan ku niat anu sanesna... supados
aya anu ngeukeupan, cukang kanggo kenging turunan, anu ngawulaan
masak-nyeuseuh, jrrd. 2. Ngagaduhan "waragad" kanggo ngabina
rumah tangga. Utamina kanggo pameget anu baris nyepeng kapala rumah
tangga wajib kanggo nyumponan nafkah. Oge kanggo istri.. peryogi pisan
kamotekaran ngokolakeun rumah tangga... 3. Ihtiar.. dina raraga patepang sareng ngajalanan
sareng jodo urang tea. Ihtiarna saenamah kedah komplit.. ihtiar batin
(ngado'a ulah kendat, boh jinisna boh sepuh/walina) sareng ihtiar lahir...
Upami wantun sareng aya jalan tiasa kunyalira...atanapi tiasa oge dijalanan ku
anu sanes (ku sepuh/walina, ku rerencangan, ku media naon wae...
Rupinamah aya mangjuta-juta jalan dina perkawis ihtiar ieu... Memang kaseuseuran jalmi.. gaduh kahoyong ngengingkeun
anu pang-sampurna-na. Upami eta anu dipalari... dijamin.. moal kantos
tinekanan. Tapi.. upami anu dipilari teh, jinisna anu parantos
ditakdirkeun janten papasangan urang, InsyaAlloh upamana urang ditakdirkeun
gaduh pasangan, tangtos bakal tinemu. Soal kurang leuwihna pasifatan anu aya di pasangan
urang... etateh kaayaan anu kuurang kedah disikapi...ku sabar sareng syukur.
Oge diri urang nyalira.. kedah sadar terutami kana kakurangan diri.. Dimana aya
sifat leuwihna.. omat ulah jadi asa aing.. sing ajrih... Da istrimah
ngahormatna ka caroge teh bakatku ihlas. Kitu deui caroge nyaahna ka
istri oge bakatku ihlas. Ihlas paamprok jeung ihlas.. dihiasan ku sabar
sinareng syukur...InsyaAlloh jadi kulawarga mawaddah-warahmah. Hapunten bilih kapanjangan... sareng bilih aya anu
kirang merenah... Wassalamu'alaikum, Ahmad, nuju diajar janten caroge, kapala rumah tangga,
ayah Falhady&Ahmalia Do you Yahoo!? Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

