Palintangan tea kitu...? Nu apal kana palintangan/paririmbon mah Kang Oby....!
Teh Mpup,...enya aya keneh nu sok utang itung siga kitu, milarian wanci nu mustari, milarian repokna kumaha. Wanci, waktu tea, waktu sareng ruang/rohang dua hal nu kalan kalan sok di-sakral-keun. Ceuk cenah dina budaya Sunda (sigana pipilueun ka Jawa) konsep ruang sareng waktu teh dimimitian tina waktu asali, waktu mutlak, nu geus aya dina primordialna jste. Masalah ieu dibahas dina buku Arkeologi Budaya Indonesia/Jacob Sumardjo/Qalam/2002, hususna dina Bab II Konsep Ruang dan Waktu dalam Primbon. Lamun ditelek telek istilah istilah dina paririmbon teh deukeut deukeut nu asalna ti India (Hindu atawa Budha), geura we aya 4 waktu dina keur nyiptakeun alam semesta nu disebut Caturyuga nyaeta Kertayuga, Dwaparayuga,Tertayuga jeung Kaliyuga (jaman ayeuna kaasup Kaliyuga sabab nagara keur kacau, ekonomi amburadul), anu ngawasa waktu (goreng) disebat Batara Kala terus aya deui istilah Pon (pwan), Wage (Wagai) Kliwon (kaliwuan) Legi/Manis (umanis) jeung Pahing, eta kabeh istilah ti Jawa. Sigana paririmpon di Sunda meunang nginjeum ti Jawa, geus waktuna ayeuna mah dibikeun deui ka anu bogana, geus teu kudu dipake deui. Sedengkeun ari Senen (Isniniah) Salasa (Salasiah) Rebo (Arbaiah) jst...eta mah ti Islam/Arab, jadi lamun aya nu ngahubungkeun Jumaah Kliwon, kapan aya dua dasar itungan anu jauh asal usulna. Tapi ketang ari kanggo ulikan pangaweruh yen aya budaya siga kitu mah asana teu matak nanaon, hartosna urang terang teh dina tataran akademis ulah soteh jadi kayakinan anu kacida dipuhitna Wallohualam. MSasmita -----Original Message----- From: Nyi Misnem [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, August 18, 2004 12:34 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] etang-etangan Manawi aya nu uninga, naha pami bade nikah kedah dietang-etang heula perkawis kapingna, teras ditaros wedal boh calon panganten pameget, atanapi panganten istri, dugi ka tabuh diwedalkeunana.. da geuning cnah sadaya dinten teh sae.. manawi aya nu uninga ngeunaan, nu bangsa sarupaning naon atuh disebatna teh nya.. dinten senen: dinten salasa: dinten rebo: dinten kemis: dinten jumaah: dinten saptu dinten minggu: ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

