|
noongan postingan dina millist, cenah mun hiji
kabupaten bisa mere SPP gratis, eta teh "prestasi", ari ceuk rarasaan kuring mah
asana lain. naha ari sakola teh ngan sakadar keur ngajelaskeun elmu pangaweruh
jeung prestasi diajar ? asana sakola teh keur ngabentuk karakter jeung "tradisi
ilmiah" nu pakait jeung karakter, kumaha ngabogaan sikap keur salawasna babakti
ka lemah cai. sedeng prestasi diajar ngan sakadar jadi juara kelas, meunang
gelar jeung sajabana.
keur nyieun kualitas diajar nu hade, merlukeun
biaya nu gede. asana leuwih pas lamun eta duit teh dipake keur nyiapkeun sarana
di ajar, urusan SPP mah leuwih pas lamun dipake sistem pemerataan. da ceuk
kuring mah asana lain merata mun nu beunghar di-pangmayarkeun oge SPP, da
puguh-puguh mampu. kumaha mun kajadian SPP-na gratis tapi sakola reh rubuh da
taya waragad keur ngomean ? naha bebas SPP teh ngan taun ieu wungkul atawa
saterusna ? meureun lamun keur sarana mah bisa karasa teu ngan taun ieu wungkul,
lobana buku di sakola tur pasilitas sejenna bisa kapake dina taun-taun nu bakal
datang. taun hareup SPP teu gratis deui misalna, da pemda geus beakeun waragad,
pan meureun jadi masalah anyar deui, demo deui, rame deui ... tungtungna ngan
saukur komoditas politik ...
geus mangsana nyieun kawijakan teh lain ngan saukur
keur ayeuna, cag ah ...
salam,
budhi
oritate permai
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|

