Mang Jojo, geuning di bdg emang teh..!! upami terang aya di kota kembang tangtos ku abdi di longok, ih,,,atuh emang mah teu ngawartosna sakitu batuk, padahal teteh gaduh landongna, pasti cespleng mang......kenya upami pareng teteh ka bdg deui insyaAlloh bade di candak eta obat cespleng teh.....he he, naon cing mang..?
Alhamdullilah teteh dipasihan menter...he..he perjalanan kirang langkung 1500 km dina waktos 50 jam, padahal yuswa mah parantos manula, tapi eta sok ngariung sareng anu aranom janten kacandak anom, langkung anom malah.....he he, ari karesep sok apruk-aprukan, eta panginten sok ningal anu arendah sareng anu araheng janten rarasaan teh ngora keneh, padahal sayuswa panginten sami sareng amang.
Mangga atuh mang..!! urang ulubiung, keun kunu ngarora bagean gajag-gijig sareng cukah-cikeuh urang mah bagean, cawe-cawe muhun ngahayu-hayu tea, sareng teu hilap bagean tuang wae anu raos..he he, sapertos si teteh da teu bisa nanaon kanggo kamajengan urang sunda mah, keun wae anu ngarora anu masih belejag, anu tanagi sareng emutan ( daya pikir ) na masih encer.
Mangga atuh mang, ulah eleh kunu ngarora, tah saurna maosan postingan teh landong supados urang teu enggal pikun, muhun mairan teh kedah ngemut heula apan,janten utekna dianggo teras, tiasa tebih tina kapikunan.
Mangga diantos postingan amang, janten resep ngobrol yeuh..!!, sugan kapayun urang tiasa tepang.....
Salam batos
teh tien
Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Euleuh euleuh si Teteh.
Alhamdulilllah, tos tilu minggu batuk simkuring ngehkeh
bae, nagntosan nu ngalongok teu aya bae.... heheeheee.
Teh, Emang aya keneh di Bandung, dugi ka pangsiun asana
hoream ingkah ti Bandung.
Pacabakan sakaparan paran bae, anu matuh mah "ngingu"
indung budak sina lintuh. Hoyong ari ngemutan sasama
dipilemburan teh, mung teu walakaya, boro-boro bisa nyait
kana nasib batur, dalah sakieu ayana. Tapi dungakeun atuh
nya Teh, kuring sing tiasa mikiran batur, komo mun dugik a
tiasa prak nulungan mah.
Teh Tien mah belekesenteng keneh geuning. Kukupingan
angkat ti Surabaya ka Bandung teras ka Bogor uah uih,
nunggang burok Cap "KAI " oge teu regrog-regrog salira
teh. Alhamdulillah.
Hatur nuhun.
Wass.wr.wb.
MangJojo
On Mon, 23 Aug 2004 01:34:21 -0700 (PDT)
teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hturan Mang Jojo, kumaha parantos damang.....?
> NUhun atuh tos sabihara-sabihari mah, mugia saterasna
>aya dina kawilujengan, mang..!! emang teh aya dimana kitu
>ayeuna, punten si teteh kirang apal.....
> Mangga atuh teraskeun postingannana, wengi mangga teteh
>oge sok ngiringan sambil ngarengsekeun padamelan.....
>
> Salam baktos
> teh tien
>
> Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ngahaturkeun wilujeng patepang ka alo Riyadi.
> Upami hoyong terang tur eces ngeunaan emang taroskeun
>bae
> ka Ua Sas, margi anjeuna teh saentragan nyiar kipayah.
>
> Emang ngadu'akeun mugia alo kalih wargi Kusnet sanesna
> mugia aya dina panangtayungan Allah SWT, dipirido,
> dipikanyaah ku Mantena. Amin.
>
> Kutan alo teh di Korea, atuh sering paamprok sareng
>YR32
> panginten ? Sok atuh ngadongeng ngeunaan kota OKPO,
>sugan
> we emang katuliskeun malaikat aya nu ngondang ka ditu !
>
> Emang sok rajeun wengi posting ambeh salse, biasana nu
>sok
> sami melek teh teh Tien, sareng Kang Adnan.
>
> Salam ti emang & embi
> MangJojo
>
>
>
> On Sat, 21 Aug 2004 00:09:22 +0100 (BST)
> Riyadi Syahardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> hatur nuhun mang.... leres abdi mah enggal keneh di
>>kusnet ieu mah, sareng dinten ayeuna teh nembe 4
>>dinten.... pidu'a na ti mang jojo moga-2 abdi janten
>>jalmi nu berguna bagi agama, bangsa lan nagara.
>>amin....ayeuna posisi abdi di kota okpo, korea selatan,
>>nuju dines. terang ieu kusnet teh ti ua sas waktos pendak
>>di kbri acara 17 an..... tapi naha lebetna wengi pisan,
>>mang? manggaaaaa.........
>>
>> Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Sampurasun
>> Ngahaturkeun wilujeng patepang deui, emang tos lawas teu
>> ngalongok ieu babakan, malihan seja wawanohan ka para
>> saderek anu nembe lebet. Mugia sadaya wargi tansah
>> ginanjar kawilujengan.
>>
>> Kanu bade gempungan di Bogor (Kang Eko spk), emang mah
>> sambung du'a bae. Mugia sing tinekanan pamaksadan.
>>
>> Salam ka Ua Sas,Kang manAR, MJ, Bah Willy, Kang Tantan,
>> Kang Yaya, Kang Hendri,Kang Gunawan Yusuf, Kang Tatan,
>> Kang Sam R,Kang Obay, Teh Tien,Kang Osam, Kang Adnan,
>> ......kum we kasadayana wargi Kusnet.
>> Wass.wr.wb.
>> MangJojo
>> ===========================================================================================
>> "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di
>>www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet
>>Gratis..
>> Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore,
>>Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
>> ===========================================================================================
>>
>>
>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>>
>>
>>
>> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
>>
>>
>> ---------------------------------
>> Yahoo! Groups Links
>>
>> To visit your group on the web, go to:
>> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>>
>> To unsubscribe from this group, send an email to:
>> [EMAIL PROTECTED]
>>
>> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo!
>>Terms of Service.
>>
>>
>>
>>
>> ---------------------------------
>> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your
>>friends today! Download Messenger Now
>
> ===========================================================================================
> "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di
>www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet
>Gratis..
> Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore,
>Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
> ===========================================================================================
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo!
>Terms of Service.
>
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

