Kang Surya,

Rada sarius ieu mah. Perkara usaha mina padi (sawah, lauk, kandang 
sasatoan piaraan) saleresna budaya Sunda kapungkur anu luyu sareng 
mulasara lingkungan. Program ieu sakuduna jadi salah sahiji pilihan 
pamarentah dina ngaronjatkeun panghasilan masyarakat, miara 
kalanggengan lingkungan pertanian, sareng nambah kakuatan ekonomi 
bangsa.

Khususna ngeunaan usaha mina padi gabungan antara lauk jeung pare, 
kalintang nguntungkeunna, boh disawang tina jihat ekonomi oge 
kasehatan (protein). Komo deui ditambah ku miara meri. Pikeun hal 
eta, sakuduna pamarentah ngaramekeun deui, upamana ku ayana 
kawijakan nyadiakeun bibit murah, subsidi gemuk anu heunteu sawareh-
sawareh, kredit dinamis, jeung "pemasaran" hasilna.

Bil khusus ngeunaan usaha mina padi deui. Satemenna urang Sunda 
gaduh ahlina, nyaeta almarhum ramana Ibu Ani Sekarningsih (anggota 
milist kasundaan oge, ahli tarot, linggih di jakarta). Waktu kuriing 
tepang sareng anjeunna, kungsi kuring dipaparinan buku seratan 
ramana almarhum ngeunaan usaha mina padi. Buku aya di pabetekan di 
rorompok. Sugan aya waktu ke lamun tepung di Cimalati, tiasa 
diuningaan. 

Baktosna,
manAR
 




--- In [EMAIL PROTECTED], "Surya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sigana ngadamel kandang hayam luhur balung mah masih keneh rencana.
> perkawis lahan na mah
> sigana tos sae pisan
> lokasi di tengah sawah
> cai ngalir teras (ngan alit teu "deras")
> lahan tos dipager kawat sakurilingna
> 
> tah perkawis endog dialungkeun mah
> rada hese
> kumargi lebar bilih pepes
> engke mubazir
> ----- Original Message -----
> From: "kumincir" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Monday, August 23, 2004 5:03 PM
> Subject: [Urang Sunda] Re: miara meri--------------Re: luntang-
lantung
> 
> 
> > Kang Sur, gaduh lahan sakitu legana mah sakantenan bae 
tumpangsari:
> balongna
> > dipelakan lauk, luhureun balong didamel kandang hayam, di 
daratna dikubeng
> > (kalebet balongna) kanggo pangangonan meri. Ulah hilap, alungan 
endog ka
> > RSCM yeuh... heuheu.
> >
> > jk
> >
> > Surya writes:
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke