Leres teh Icho kapungkur ge sami kitu teu tiasa dikantun, ngaringkang sakedap ge.....ngiling...bu, ngiling bu, tapi ayeuna mah di ajak ge, aralimeun, janten wae si teteh ABG deui...he he

Icho <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Apruk aprukan ka leuweung, ka cai.. etamah ka resep abdi teh tien..
hayu we upami bade di ajak mah.. ( tapi SIAAP nah hese sigana ayeuna mah..)
kedah boga alesan nu kuat heula upami rek apruk2-an mah..
makana abdi mah sok rada iri ( ???) Teh tien mah putra na tos tiasa di kantun.. teu ibu.. ibu..itutttt...
da abdi mah ngalangkah ka luar pager oge tos digogorowokan ku anak upami teu nganggo acuk damel mah.
 
 
=Icho=
hoyongaprukaprukansarengtehtien
 
----- Original Message -----
From: teh tien
Sent: Tuesday, August 24, 2004 2:58 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Capolaga Cmuja Indah-->Re: indung peuting....apruk-aprukan..superwoman

Sip lah kang Oman, si teteh moal kapok deui-deui tah ka dinya teh, matak resep, matak betah, teu cekap sadinten sawengi aparuk-aprukan teh, da mani teu karaos rek wangsul teh mani hararese, hayang lila di panaruban teh, teteh mah tos aya 5 kali na ka dinya teh, tapi teu bosen da resep. Cai herang, seger, raos neda deui.
Teh Icho, neng imas, yu......urang kapanaruban, reseeeeep teh.......komo ayeuna parantos janten obyek wisata, langkung endah.......hayu kasadayana wae, geura resep di panaruban.....sip lah....
 
Si teteh
( tukang apruk-aprukan )

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Heuheuheu...jadi emut deui kapungkur nya, apruk-aprukan di
Panaruban. Kang Jalakharupat, ayeuna mah eta patempatan teh tos jadi
lokasi "adventure camp". Namina, Capolaga (Camping, Penelusuran
Alam, dan Olahraga) Cimuja Indah), gawe bareng anu garaduh lahanna
(Kang Idrus + Pa Cece) sareng hiji management widang outbond. Di sim
kuring aya brosurna.

Kusabab kitu, ayeuna eta patempatan parantos ditata, luyu jeung
pangabutuh kagiatan "outbond". Genaheun pisan, upamana bae, di
handapeun Curug Karembong  teh aya patempatan calik tina batu kanggo
ngawawaas curug.

Kang Idrus + Pa Cece rada perlu "assistensi" kanggo midamel
webistena, aya minat? Mangga atuh urang ka Panaruban deui. Oge
kanggo gawe bareng "pemsaranna" tiasa dibadamikeun.

Mangga, diantos, eta patempatan sae pisan kanggo wisata lingkungan,
wisata ziarah, sejarah, kalebet wisata teknologi tepat guna, jst.
Keur mah aya sepuh batur ngawangkong mangsa ka tukang boh
pikahareupeun.

Baktos,
manAR


--- In [EMAIL PROTECTED], Jalak Harupat <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Tong lepat teh Icho....si teteh mah...superwoman, sok geura ajak
naek gunung abong munteu nyanggupan. Kade ngan ulah poho selopna
dilaanan heula jeung mawa sapatu kets ti bumi.
> Yu urang apruk-aprukan deui di Cimalati yu...
> Kang Siddik di Cimalati aya pasir(bukit) atawa gugunung teu? ulah
gunung halimun da gede teuing.
>
> Ah emut basa keur di Panaruban asa Out bound harita mah....moal
poho lah...

> Jalak
>
> Icho <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teh Tien.. Wilujeng Enjing..
> Aduh si Teteh ku kiat na eta apruk-aprukan ka mana2..

> jadi era ka si Teteh, sigana abdi mah moal kita teh... berkat eta
tea nya Teh.. jadi we stamina terjaga..

>
>
> Sumedang Tandang Nyandang Kahayang
>
> ---------------------------------
>   Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends
today! Download Messenger Now



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Win 1 of 4,000 free domain names from Yahoo! Enter now.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke