Wa'alaikumsalaam... Tuh nya, ari aya nu ngabalakan mah nu isin2 ge geuning kalaluar ti panyumputan.... Mangga Teteh, Euceu, En�ng, Ibu, Ema, Nini, geura kadarieu ngarempel... Yeuh abdi gaduh kitchen & dinner set malalencrang, bade kontan mangga, bade kiridit tiasa. Atuh bade sakadar ninggalan, moal ditagih naon2 ku abdi ge. Mangga, geuning dulur Teh Rianti mah, da abdi ge ti Garut, Teh, mung ayeuna nuju buburuh di Jakarta. Nu di Cikarang ge atuh seueur, aya Kang Hendri, Bah Nursalam, oge Teh Ani di Epson, Kang Surya di S-IKI, sareng nu sanesna nu nyarumput keneh panginten. Teu kedah isin-isin dumeh enggal keneh, mangga, urang sami-sami diajar ngamumule warisan karuhun nu sarae, urang diajar kasundaan...
jk kuncen #5 Riantiningsih writes: > Assalamualaikum,.. > sami sareng abdi tapi,.ari ngiring milist ieu teu acan lami aya kanu 6 > dintenan lah tapi nyakitu tea teu wantun seueur nyarios da bahasa sunda > na sok pabaliut janten sok rada-rada ararisin.sakanteunan bade > neupangkeun heula nami abdi Rianti linggih di Cikarang ari asli na mah > ti Garut. tah sakieu wae meureun introduction abdi teh > bilih aya cariosan nu teu raos kadanguna mugia sing di hapunten sareng > di maklum > hatur nuhun kasadayana....... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

